Islam di Sunda geus sumebar 2 abad samemeh Wali 9


“Tina naskah-naskah kuno bisa dicindekeun yen agama Islam teh saenyana geus sumebar di tatar Sunda jauh saméméh Dewan anu Salapan aya,” ceuk Undang Darsa, M.Hum., salah saurang ahli pilologi nu kawilang nyongcolang. Anu dimaksud Déwan Salapan ku ieu dosen Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung téh taya lian iwal ti Wali 9.

Dina naskah Carita Parahyangan (abad ka-16 katompérnakeun) upamana disebutkeun di tatar Sunda anu munggaran ngagem agama Islam téh Bratalagawa, putra kadua Prabu Pangandiparamarta Jaya Déwabrata atawa Bunisora Suradipati. Bratalagawa téh sodagar anu mindeng lalayar ka nagara-nagara nu jauh: Sumatera, Cina, India, Srilanka, tepi ka Arab. tujuanana salian ti dagang teh nyaeta dek guguru deui kanu jajatena leuwih luhur atawa anu bisa ngelehkeun jajaten manehna.

Dina sajarah lokal di Cirebon, disebutkeun Bratalagawa sanggeus nganut agama Islam jeung ngalakonan ibadah hajidatang deui ka tatar Sunda taun 1337 Maséhi. Katelah ku sebutan Haji Baharudin nu sanggeus mukim di Cirebon sarta nyebarkeun Islam dijulukan Haji Purwa Galuh, dumeh Bratalagawa téh urang Galuh munggaran nu munggah haji.

Abad ka-15, kira-kira taun 1416 Maséhi, di Tanjungpura (Karawang) badarat ulama ti Campa (Viétnam), Syéh Hasanudin nu tadina milu ka rombongan armada Cina nu dipingpin ku Laksamana Chéng Ho. Di Karawang, Syéh Hasanudin nu katelah ku julukan Syéh Quro ngadegkeun pasantrén.

Dina waktu nu sajaman, di Pasambangan, Amparanjati, deukeut Palabuan Muarajati (Cirebon) mukim Syéh Datuk Kahfi. Sarua ngadegkeun pasantrén jeung nyebarkeun agama Islam. Taun 1470 Maséhi, Syéh Syarif Hidayatullah, nu ceuk sajarah lokal masih kénéh katurunan raja Sunda, nu lahir di Mesir, dumuk di Cirebon.

Ti paro abad ka-15, Islam beuki sumebar di tatar Sunda, lain ngan ukur di basisirna. “Anu diajarkeunana hakékat Islam, galeuhna atawa inti ajaran islam. Naskah-naskah ti abad-16 tepi ka abad ka-17, najan teu nyebutkeun ajaran Islam, eusi téks naskahna kandel pisan ajaran kaislamanana,” ceuk Undang Darsa.

Ku raja-raja Sunda, ceuk Undang Darso, sumebarna agama Islam di tatar Sunda, henteu dipandang hiji ancaman. “Nu matak Prabu Wastukencana teu ngaharu biru Haji Purwa, Syéh Quro, Syéh Datuh Kahfi nu nyebarkeun agama Islam di wewengkon Pantura Jawa barat. Asal ulah ku cara paksa pirusa, ulah tepika ngabalukarkeun riributan,” pokna.

Naon pangna raja-raja Sunda, babakuna sanggeus Wali Sanga ngalalakon, siga anu ngamusuhan ka Islam tepi ka dirurugna? “Sikep (raja-raja Sunda) kitu lain lain ditujukeun ka agamana. Ku Demak jeung Cirebon Islam geus dijadikeun kakuatan pulitik,” ceuk Prof. Dr. Edi S. Ekadjati suwargi dina salahsahiji tulisanana.

Undang Darsa nyebutkeun peperangan antara karajaan Sunda jeung Demak, Cirebon katut Banten lain perang agama, tapi perang pilitik. “Saacan aya Déwan Salapan, Islam téh geus sumebar ka wewengkon pagunungan bari meunang panangtayungan ti raja-raja Sunda. Atuh Sri Baduga Maharaja, dina sajarah lokal disebutkeun ngadahup ka Subanglarang nu geus ngagem Islam,” pokna.

1 Waleran:

  • mdhanny says:
    3 Agustus 2012 17.27

    salam silaturahmi.. cah sunda Kuningan - Jabar

Sapuluh Seratan nu Pangpajengna Diaos