Naskah Sunda di Perpustakaan Nasional

Salasahiji lembaga nu neundeun koléksi naskah Sunda téh nyaéta Perpustakaan Nasional Républik IndonésiaI (PNRI). Leuwih kurang aya kana lima ratusna naskah Sunda nu jadi koléksi PNRI téh. Sok sanajan koléksina teu saloba jeung nu aya di Universitas Bibliotheek Leiden, tapi réa naskah Sunda nu kawilang penting diteundeun di ieu lembaga. Sebut baé Carita Parahiyangan, Siksa Kandang Karesian, jeung Séwaka Darma pikeun naskah Sunda kuna (saterusna disingget NSK), atawa Babad Cirebon, Carita Ki Sabeulah, Babad Timbanganten, Kamus Melayu – Sunda yasana R.A.A. Kusumahningrat pikeun naskah Sunda kabéhdieunakeun.

Dumasar kana tempat diteundeunna, naskah Sunda koléksi PNRI téh sacara basajan mah bisa dibagi dua, nyaéta koléksi nu diteundeun dina rak jeung koléksi nu diteundeun dina peti. Unggal naskah ditandaan ku kode naskah jeung nomor koléksi. Koléksi nu diteundeun dina rak umumna mangrupa koléksi naskah nu geus dijilid, ngawengku (1) koléksi utama naskah Sunda (SD), (2) koléksi utama Koninklijk Bataviaasch Genootschap (KBG), jeung (3) koléksi naskah jilidan J.L.A. Brandes (BR). Sedengkeun koléksi naskah nu diteundeun dina peti, sumebar dina sababaraha sub koléksi nyaéta (1) koléksi arsip jeung catetan C.M. Pleyte (PLT), (2) koléksi arsip jeung catetan K.F. Holle (KFH), (3) koléksi lambaran arsip Brandes (NBR), (4) koléksi arsip nu diteundeun dina lomari Brandes (LBR), jeung (5) koléksi naskah Sunda kuna nu ditulis dina daun lontar, nipah jeung awi.

Kajaba ti bungkeuleukan naskahna téh, PNRI mibanda koléksi mikrofilm deuih, ngawengku leuwih kurang 147 naskah Sunda koléksi PNRI jeung naskah-naskah koléksi Lima Lembaga Jawa Barat (dina 50 rol mikrofilm). Di antara naskah-naskah Sunda koléksi PNRI, naskah Sunda kuna can dimikrofilmkeun.

Ku tungtutan kamajuan téknologi informasi, kiwari PNRI geus ngadigitalkeun sababaraha naskah Sunda, jeung sabagian di antarana bisa diaksés ku saha waé kalawan gratis ngaliwatan jaringan internét. Naskah bisa dipulut (didownload) dina format PDF jeung Flash HTML kalawan babari tur gancang dina ramatloka http://digilib.pnri.go.id.

Pikeun maluruh naskah-naskah Sunda nu aya di PNRI, panalungtik naskah bisa ngamangpaatkeun rupa-rupa katalog naskah Sunda, boh anu geus diterbitkeun boh anu can diterbitkeun. Katalog naskah Sunda koléksi PNRI nu geus diterbitkeun di antarana Naskah Sunda susunan Edi S. Ekadjati (Wedalan LKUP, 1988), Katalog Induk Naskah-naskah Nusantara Jilid IV: Perpustakaan Nasional RI susunan T.E. Behrend spk. (Wedalan Yayasan Obor Indonésia jeung École Francaise d’Extremê-Orient, 1998), jeung Jawa Barat: Koléksi Lima Lembaga susunan Edi S. Ekadjati jeung Undang A. Darsa (Yayasan Obor Indonésia jeung École Francaise d’Extremê-Orient, 1999). Sedengkeun katalog Naskah Sunda Koléksi PNRI nu can diterbitkeun atawa mangrupa sténsilan di antarana Katalog Naskah Sunda susunan R. Memed Sastrahadiprawira (1928), Fisik Naskah Sunda Koléksi PNRI susunan Ruhaliah (2003), jeung Naskah Sunda Koléksi PNRI susunan Ruhaliah (2004).

Husus pikeun NSK mah, nepi ka danget ieu can aya katalog anu lengkep tur informatif. Bacaan nu hésé tur merlukeun waktu nu lain sakeudeung jigana jadi salah sahiji faktor utama. Ekadjati ogé nétélakeun ieu pasualan nalika anjeunna nyusun katalog naskah Sunda.

Beberapa naskah yang ditemukan, belum disertakan dalam daftar naskah di sini, karena belum dapat diketahui isinya. Hal itu disebabkan oleh belum diperolehnya izin penelitian/pembacaan atas naskah-naskah tersebut, baik dengan alasan birokrasi ataupun alasan tabu dibaca pada sembarang waktu maupun dengan alasan pembacaannya memerlukan waktu yang khusus dan lama. (Ekadjati, 1988: 4)

Sajaba ti éta, nu jadi pasualanana nyaéta tempat neundeun NSK téh sumebar dina peti sacara acak. Upamana kropak 407 ayana dina peti 86, kropak 406 dina peti 15 (Carita Parahiangan) jeung 408 dina peti 16 (Séwaka Darma) bisa jadi tempat neundeunna baheula mah dina sapeti.
Ku éta perkara, bawirasa kacida perluna data ngeunaan kaayaan NSK di PNRI téh pikeun panaratas jalan panalungtikan nu leuwih nyosok jero.

Nu Nyampak
Saméméh miang ngajugjug ka nu dituju, aya hadéna mariksa deui bebekelan urang. Naon saéstuna nu geus nyampak di urang ayeuna nu bisa dijieun tuduh jalan pikeun nyaangan jalan sorangeun patali jeung kapentingan ngaguar NSK? Panalungtikan-panalungtikan NSK nu geus ditaratas ku para ahli téh saéstuna geus bisa dijieun tatapakan enggoning ngagarap NSK ka hareupna. Nepi ka danget ayeuna, sahenteuna kacatet aya 21 NSK nu geus ditalungtik téh, jeung 15 di antarana mangrupa koléksi PNRI. Lengkepna NSK koléksi PNRI nu geus ditalungtik bisa dititénan dina lampiran 1.

Panalungtikan-panalungtikan NSK lumangsung jero saabad leuwih, ti serek tengah abad ka-19 nepi ka awal abad ka-21. Nu mimiti ngagulang-gapér NSK réréana mah para ahli Walanda nu neundeun minat kana budaya Sunda. Panalungtikan-panalungtikanana lolobana medal dina média basa Walanda saperti Tijdschrift voor Indische Taal-, Land- en Volkunde uitgeven door Koninklijk Bataviaasche Genootschap (TBG) jeung Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde van Nederlandsch-Indië nu hésé diaksés ku nu teu bisa basa Walanda.

Tarékah urang Walanda ngaguar kabudayaan Sunda buhun nu nyampak dina NSK dituluykeun ku urang Sunda kalawan hasil nu leuwih nyugemakeun, di antarana Carita Parahiyangan édisi Atja (1968); Sanghyang Siksa Kandang Karesian, Séwaka Darma, jeung Amanat Galunggung édisi Saleh Danasasmita spk. (1981 & 1987); Sanghyang Hayu édisi Undang A. Darsa (1998); jeung Kosmologi urang Sunda édisi Undang A. Darsa (2006), mangrupa cecekelan nu bisa dimangpaatkeun ku nu boga karep ngulik NSK.

Naon nu dipigawé ku Noorduyn jeung Teeuw ngaliwatan panalungtikanana kana Pantun Ramayana, Sri Ajñana, jeung Bujangga Manik ogé geus méré sumbangan nu pohara gedéna dina panalungtikan NSK. Éta tilu téks Sunda kuna téh ku aranjeunna diguar dikali-cacingkeun nepi ka ngajanggélék mangrupa buku nu dijudulan Three Old Sundanese Poem (Noorduyn & Teeuw, 2006). Kajaba ti transliterasi jeung tarjamahan téks sakumaha ilaharna, ieu buku nu kandelna 495 kaca téh dieuyeuban ogé ku catetan-catetan nu imeut patali jeung naskah nu digarapna, saperti ulikan struktur basa Sunda kuna, babandingan basa Sunda kuna jeung basa Sunda kiwari, babandingan basa Sunda kuna jeung basa Jawa kuna, kaasup ajén-inajén sastra Sunda buhun nu nyangkaruk dina téks-téks nu digarapna. Kiwari ieu buku geus medal dina basa Indonésia nu dijudulan Tiga Pesona Sunda Kuna beunang narjamahkeun Hawé Setiawan, Undang A. Darsa jeung Tien Wartini (wedalan Pustaka Jaya, 2009). Usaha narjamahkeun buku panalungtikan NSK nu ‘daria’ tangtuna bakal méré mangpaat nu gedé.

Usaha munggaran nu dilakonan panalungtik patali jeung basa Sunda kuno nu geus carem nyaéta ngumpulkeun kekecapan katut hartina. Dina emprona, panalungtikan-panalungtikan NSK geus ngahasilkeun sababaraha kamus Sunda kuna nu sakabéhna mangrupa kamus dwi-bahasa (Sunda Kuna – Indonésia), di antarana: Kamus Bahasa Sunda Kuna - Indonésia (Hermansoemantri, spk.: 1986-1987), Kamus Bahasa Naskah dan Prasasti Sunda Abad 11 s.d 18 (Suryani spk., 2001), Kamus Bahasa Sunda Kuna-Indonesia (Suryani & Undang A. Darsa, 2003), jeung Kamus Bahasa dan Seni Budaya Sunda Buhun (Suryani, 2008).

Basa Sunda kuna nu nyampak dina téks-téks Sunda kuna raket patalina jeung basa Jawa kuna. Ku kituna, kajaba ulikan léksikografi nu geus ditaratas ku cara ngumpulkeun kecap-kecap tina NSK, bawirasa perlu ogé dieuyeuban ku kamus Jawa kuna nu geus nyampak. Kamus Jawa Kuna Zoetmulder (mimiti medal taun 1982, mangrupa Kamus Jawa Kuna – Inggris) nu disusun salila 25 taun, kawilang rada nenggang dibanding kamus nu séjénna. Dina ieu kamus, Zoetmulder rikip jeung satia pisan kana téks. Unggal éntry kecapna teu weléh ditandaan ku judul téks Jawa Kuna nu ngandung hiji kecap dina léma. Cindekna, kecap ‘anu’ kapanggih dina teks ‘anu’ baris ka sa-‘anu’, conto larapna ‘kieu’, jst. Ku alatan kitu, panalungtik bisa nyusud hiji kecap kana naskah nu dijieun rujukan kecap. Emuch Hérmansoemantri saparakanca saéstuna geus naratas kamus samodél kitu nalika nyusun Kamus Basa Sunda Kuna Indonésia (1986-1987), hanjakalna, NSK nu dijadikeun sumber ukur tilu naskah nyaéta Carita Ratu Pakuan, Carita Parahiyangan, jeung Siksa Kandang Karesian.

Kajaba ti kamus dwi-bahasa, ulikan-ulikan filologi, épigrafi, paléografi, arkéologi, jsté. teu kurang ogé nu geus nyampak deuih. Sumbangan paléografi Holle dina bukuna Tabel van Oud en Nieuw Indische Alphabetten (1882) bisa dijieun cecekelan penting ogé pikeun panalungtik upama nimu kasus patali jeung aksara dina NSK. Laporan Kapurbakalaan N.J. Krom dina Rapporten van den Oudheidkundigen Dienst in Nederlandsch Indie (1914) bisa dimangpaatkeun ku panalungtik enggoning nyukcruk galur raratan naskah sagédéngeun arsip-arsip BGKW dina Notulen van de algemeene en directievergaderingen van het Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen (NBG), Tijdschrift voor Indische Taal-, Land- en Volkunde uitgeven door Koninklijk Bataviaasche Genootschap (TBG), jeung Verhadelingen van het Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen (VBG).

Nu ditataan di luhur téh keur saheulaanan mah bawirasa bisa dijieun tatapakan enggoning nalungtik NSK nu masih kénéh ‘nyumput’ téa.

Nu Nyumput
Dina jero sataun (2008-2009), panalungtik naskah Sunda kuna nu datang ka PNRI téh ngan aya tiluan. Nu hiji, mahasiswa ITHB nu rék nalungtik Aksara Sunda patali jeung seni grafisna. Nu kadua, mahasiswa S1 Unpad jurusan Sastra Indonésia, jeung nu katilu Rahmat, Mahasiswa S2 ti Unpad nu nalungtik Bimaswarga (kropak 623) pikeun bahan tésis. Iwal ti Rahmat, nu séjénna mah bangun pugag. Mahasiswa ITHB pabeulit jeung référénsi nu kurang ngeunaan tipologi aksara Sunda kuna, nepi ka pindah pileumpangan nalungtik aksara Palawa. Mahasiswa S1 Unpad Sastra Indonésia, boboléh sanggeus dibéré 5 foto NSK pikeun dibaca. Boa ieu téh jadi tanda, yén panalungtikan NSK téh mémang ngahudang minatna ukur mimitina hungkul, da kadituna mah, sanggeus nyanghareupan pirang-pirang pasualan nu témbong tina NSK, karéréaan magol.

Ulah waka nalungtikna, dalah maluruh NSK dumasar katalog nu aya, teu jadi jaminan yén data nu nyampak téh bisa dipiandel. Sumawonna NSK, nu méh sakabéhna can kadata kalawan enya-enya dina katalog, da nu nyusun katalogna réréana ogé lain urang Sunda. Pamustunganana, moal héran mun aya naskah nu dijudulan ‘Lontar Sunda Kuno’ (maké tanda tanya di tukangna) atawa ‘Sundaasch’ (mun nu méré judul urang Walanda), samalah aya nu dina labelna ditulisan ‘tanpa judul’ atawa tanda tanya hungkul. Tina data nu sakitu heureutna, naha bisa ngahudang kapanasaran nu boga minat nalungtik NSK? Kapan nu jadi udagannana naskah dikatalogkeun téh nyaéta pikeun méré gambaran umum saheulaanan kana naskah sangkan bisa ngahudang kapanasaran panalungtik naskah.

Ningali pasualan kitu, ti serek bulan Méi nepi ka bulan Juli taun 2008, PNRI ngayakeun kagiatan stock opname kana koléksi naskah. Éta kagiatan téh dilaksanakeun pikeun maluruh kaayaan fisik naskah. Tina éta kagiatan téh, kapanggih ogé sababaraha NSK nu salila ieu teu kasebut-sebut, teu kadaftar dina katalog, atawa tacan ditalungtik ku para ahli. Lebah nangtukeun hiji naskah bisa digolongkeun kana NSK sakurang-kurangna dipaké sababaraha tinimbangan, di antarana:
  1. bahan naskahna tina daun lontar, daun nipah , jeung awi;
  2. nu digunakeun nyaéta aksara Sunda kuna jeung aksara Buda atawa Gunung. Aksara Sunda kuna ditulis dina daun lontar jeung awi, sedeng aksara Buda atawa Gunung ditulis dina daun nipah;
  3. nu digunakeun nyaéta basa Sunda kuna atawa basa Jawa kuna;
  4. naskah ilaharna mangrupa gambaran urang Sunda saméméh kapangaruhan ku Islam (pra-Islam) ;
  5. nu ngajéntrékeun ngeunaan iraha jeung dimana éta naskah ditulis atawa disalin (kolofon); jeung
  6. kapanggihna éta naskah méméh asup jadi koléksi BGKW.
Saéstuna, dina sababaraha peti kapanggih ogé sababaraha naskah nu ditulis dina kertas Éropa ngagunakeun aksara Latin, mangrupa hasil transliterasi Holle, Pleyte, jeung Brandes kana NSK. Naskah nu samodél kieu teu diasupkeun kana katégori NSK, tapi sahenteuna bisa dimangpaatkeun ku panalungtik pikeun babandingan nalika maca NSK.

Dumasar kana tinimbangan-tinimbangan nu ditataan di luhur, bisa ditangtukeun – sok sanajan saheulaanan – yén leuwih kurang aya 55 naskah koléksi NSK di PNRI téh. Tina jumlah sakitu leuwih kurang 40 naskah (72%) nu can kagarap téh, ngawengku 1214 kaca. Upama nilik kana aksarana, 24 naskah ngagunakeun aksara Sunda kuna jeung 16 Naskah ngagunakeun aksara Buda. Dumasar kana bahanna, 22 naskah ditulis dina lontar, 15 naskah ditulis dina nipah, jeung 3 naskah ditulis dina awi. Teu sakabéh naskah bisa kapaluruh eusina, kusabab merlukeun waktu nu lain sakeudeung. Tapi saheulaanan bisa ditangtukeun yén eusi naskah téh rupa-rupa, ngawengku kaagamaan, élmu pangaweruh, sastra, mitologi, jlld. Demi daptar naskahna bisa diilikan dina lampiran 2.

Agénda
Tina naon nu nyampak jeung ngungkab nu masih nyumput téh sahenteuna bisa ditarékahan nyusun rupa-rupa léngkah ka hareupna dina raraga ngungkulan pasualan dina NSK. Keur saheulaanan, dumasar tinimbangan data-data nu geus nyampak, sawatara usul bawirasa perlu diasongkeun patali jeung kapentingan panalungtikan NSK, di antarana:

  1. Nepungkeun deui sing saha nu boga karep ngagarap NSK nepi ka ngawangun hiji tim anu solid. Tim bisa diwangun ku ahli akademis jeung téknis. Périodeu 80-an minangka périodeu nu nyongcolang dina raraga prosés ngagarap NSK bawirasa bisa dijieun panyileukan. Ieu hal teu leupas tina pokalna Sundanologi mangsa harita. Pangna kitu, dina éta périodeu, panalungtikan NSK dipigawé ku cara dirempug babarengan dina beungkeutan tim. Cindekna, ieu bagéan macana, itu bagéan narjamahkeunana, réréncangan ieu bagéan napsirkeunana, réréncangan itu bagéan nyieun panganteurna, dunungan ieu nu ngusahakeun piwaragadeunana, jsté.
  2. Maluruh data-data NSK nu nyampak bari nyieun déskripsi kodikologi nu lengkep. Lajuning lakuna, bisa disusun skala prioritas garapan. NSK mana nu kudu diheulakeun, NSK mana nu bisa diengkékeun. Naha naskah kaagamaan, pangaweruh umum, sastra, sajarah, jsté.
  3. Ngadokuméntasikeun NSK koléksi PNRI ku cara digitalisasi. Ku cara kieu, pasualan téknis garapan bisa kaungkulan. Copélna aya 3 mangpaat tina digitalisasi NSK téh, nyaéta (1) eusi naskah bisa kasalametkeun upama naskah aslina geus ruksak, (2) ngahémat waragad (3) ngahémat waktu & tanaga. Hasil digitalisasi bisa dibuka aksésna sacara umum ngaliwatan média internét. Digitalisasi naskah nu bisa dijieun panyileukan upamana baé digitalisasi Naskah Acéh (bisa ditoong di http://acehms.dl.uni-leipzig.de/ nu dilaksanakeun dina raraga nyalametkeun naskah sabada Tsunami), digitalisasi Naskah Islam Leipzig Jerman (http://islamic-manuscripts.net/), digitalisasi Naskah Universitas Princeton Inggris: (http://digilib.princeton.edu/), jsté. Digitalisasi naskah nu aksésna dibuka pikeun umum dilengkepan ogé ku déskripsi naskah nu lengkep.
  4. Perlu ditarékahan nyusun palanggeran panalungtikan NSK nu idéal tur konsistén nu bisa dimangpaatkeun ku panalungtik minangka cecekelan standar diluyukeun jeung kaayaan garapan Naskah Sunda Kuna nu tinangtu béda jeung naskah-naskah ti luareun Sunda. Upamana, palanggeran transliterasi, éjahan, tarjamahan, sistematika, jsté. Panalungtikan nu saméméhna bisa dijieun cecekelan ogé.
  5. Nalungtik naskah (transliterasi, tarjamahan, analisis, jsté) kalawan jejem dumasar palanggeran konvensional nu geus dirumuskeun babarengan. Palanggeranna nu teu matok teuing, tapi copélna bisa méré standar minimal panalungtikan NSK.
  6. Publikasi panalungtikan NSK nu éféktif. Ulah nepi ka NSK jeung panalungtikanana alus, ku sabab publikasi panalungtikan nu sahayuna, nepi ka hasil panalungtikannana kurang bisa dimangpaatkeun ku balaréa kalawan optimal.
Tangtuna, unggal agénda aya waé hahalangna. Tapi copélna, naon nu geus ditaratas saméméhna dina ngagarap NSK téh perlu dituluykeun, ulah nepi ka pareumeun obor cénah gé. Ku kituna, meureun geus waktuna NSK ‘nu nyumput’ téh dicaangan.

Ieu bahan diskusi téh ukur panglalanyah. Étang-étang hasil évaluasi digawé salila sataun di PNRI. Upama ti ditu ti dieu seueur kakirangan, hapunten anu kasuhun. Dipiharep pisan sawangan sareng kamandang ti sadayana. Leuwih luangan, kurang tinabeuhan. Pun.

Salémba, Mei 2009

Daptar Pustaka
  • Behrend (ed.), T.E., 1998, Perpustakaan Nasional Republik Indonesia. Katalog induk naskah-naskah Nusantara Jilid 4. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia dan Ecole Francaise d’Extreme Orient.
  • Ekadjati, Edi S., 1988, Naskah Sunda: Inventarisasi dan Pencatatan. Bandung: Lembaga Penelitian Universitas Padjadjaran dengan The Toyota Foundation.
  • Ekadjati, Edi S. jeung Undang A. Darsa, 1999, Jawa Barat: Koleksi Lima Lembaga. Katalog induk naskah-naskah Nusantara Jilid 5. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia dan Ecole Francaise d’Extreme Orient.
  • Darsa, Undang A., 1998, Sanghyang Hayu: Kajian Filologi Naskah Bahasa Jawa Kuno di Sunda pada Abad XVI. Tesis. Bandung: Universitas Padjadjaran.
  • Danasasmita, Saleh spk., 1987, Sewaka Darma (Kropak 408), Sanghyang Siksakandang Karesian (Kropak 630), Amanat Galunggung (Kropak 632): Transkripsi dan Terjemahan”. Bandung: Bagian Proyek Penelitian dan Pengkajian Kebudayaan Sunda (Sundanologi) Direktorat Jendral Kebudayaan Dep. Pendidikan Dan Kebudayaan.
  • Holle, K.F., 1882 Tabel van Oud-en Nieuw-Indische Alphabetten. Bijdrage tot de Paleographie van Nederlandsch-Indie. Batavia: s’Hage.
  • Hermansoemantri, Emuch, A. Marzuki, Elis Suryani, 1987, Kamus bahasa Sunda kuna Indonesia. Proyek penunjang Sundanologi Dinas P dan K Prop. Daerah Tingkat 1 Jawa Barat.
  • Krom, N.J & F.D.K. Bosch, 1914, Rapporten van den Oudheidkundigen Dienst in Nederlandsch Indie. Weltevreden: Albrecht & co.
  • Sastrahadiprawira, Memed, 1928, Katalog Naskah Sunda. Sténsilan, teu diterbitkeun.
  • Noorduyn, J. dan A. Teeuw, 2006, Three old Sundanese poems. Leiden: KITLV Press.
  • Ruhaliah, 2004, Naskah Sunda Koléksi PNRI. Diklat penunjang Mata Kuliah Filologi, UPI Bandung.
  • ------------, 2003, Fisik Naskah Sunda Koléksi PNRI. Sténsilan, teu diterbitkeun.
  • Suryani, Elis N.S. jeung Undang A. Darsa KBSKI, 2003, Kamus Sunda Kuno Indonesia. Sumedang: Alqaprint Jatinangor.
  • Suryani, Elis spk., 2001, Kamus Bahasa Naskah dan Prasasti Sunda abad 11 s.d 18, cetakan kedua. Kerjasama Komunitas Pernaskahan Sunda Purbatisti dengan Pemerintah Kota Bandung.
  • Zoetmulder, P.J., 2006, Kamus Jawa kuna – Indonesia. Cetakan kelima. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.

Naskah Sunda di Perpustakaan Nasional Rating: 4.5 Diposkan Oleh: Andi AF Studio

0 komentar: