Sanghyang Siksakandang Karesian - 2

XIV

Simbut-cawet mulah kasarataan, hakan-inum ulah kakurangan, anak-ewe pituturan sugan dipajar durbala siksa. Yatnakeun sanghyang siksakandang karesian.

Jaga rang hees tamba ui(n)duh, nginum twa/h/k tamba hanaang, nyatu tamba ponvo, ulah urang kajo(ng)jonan. Yatnakeun maring ku hanteu. Sa/ng/nguni tu ku anak-ewe, mulah dek paliketan sugan hamo sapitwaheun. Rampes ma beunang urang nyaraman teka nurut na panyaraman, eta keh anak urang ewe urang ngara(n)na.

Hanteu ma nurut na pamagahan, eta sarua deungeun sakalih. Ngan lamun keudeu, ewe-anak geus ma medeng diaku ku urang. Boa urang kabobotan, boa reujeung sasab ka naraka, leungit batri rang ngabakta, hilang beunang cakal-bakal.

Ini warah sang darma pitutur, sugan ura(ng) tanpa hedap mreo-peksah samutatah. Paesan teh ta susuriyem, jambangan eusi ning bayu ma hening, tah desana tah nora buksah. Kalingana ta, sri ma ngaranya omas. Kitu na omas, lamun hamo dila(n)ja pelek rupana, lamun kalanja ma cenang, rampes ja kaopeksa.

Kitu keh upama urang janma ini. Lamun nurut sanghyang siksa, kapahayu rasana di urang kadyangga ning bener tumemu benernya. Kitu, lamun hamo nurut sanghyang siksa kreta kadyangga ning wilut tumemu wilutnya. Paesan ma ngaranya eunteung. Kitu na eunteung, lamun hamo kawaas, samar kalangkang urang. Lamun kawaas ma puguh rua

XV

urang dina jero eunteung eta.

Kitu keh janma ini, bisa nurut upacara sakalih. Rampes ma boa kalihasan ku rasa di maneh. Lamun hamo ma bisa nurut pamagahan, punggunp tata ngara(n)na.

Jambangan ma ngara(n)na pamuruyan. Kangken cai hening ma hedap urang kreha. Ya mana kitu, mana na waas, teger rame a(m)bek. Desa ma ngaranya dayeuh, Na dayeuh, lamun kosong. hanetu turutaneunana. Kitu na sabda, lamun hamo kaeusi’11 carut ngara(n)na. Hengan lamun kaeusian ma na kahanan, eta keh na turutaneun. Kitu keh na sabda. Mana kaeusian, mana dipajar bener laksana.

Kitu keh urang janma ini. Lamun dek nyaho di puhun suka lawan enak ma ingetkeun saur sang darma pitutur. Ini silokana:

tadaga12 carita hangsa
gajendra carita banem
matsyanem13 carita sagarem
puspanem carita bangbarem.

Kalinganya, kitu ja rang dek ceta, ulah salah geusan nanya. La-mun hayang nyaho di tanian herang, talaga banyu atis ma hangsa tanya. Kalingana ma aya janma atisti ring apraniti. herang tineung. rame ambek, nya(ng)kah, kangken hangga dina talaga herang.

Hayang nyaho di j(e)ro ning laut ma. matsya tanya. Kalingana ma upama hayang nyaho di hedap sang dewa ratu deung di hedap mahapandita.14

Hayang nyaho di Iwir15ning leuweung ma gajah tanya. Ini ka-lingana. Kangken Iwir16 ta ma nyaho di tineung nu reya. Kangken gajah ta ma nyaho di bebedas sang

XVI

dewa ratu.

Hayang nyaho di ruum amis ning kembang ma, bangbara tanya. Kalingana ta kangken ba(ng)bara ma janma bisa saba ngumbara, nya­ho di tingkah sakalih. Kangken ruum kembang ma janma rampes twahna, amis barungusan semu imut ti(ng)kah suka.

Kalingana ulah salah geusan tanya.

Hayang nyaho di sakweh ning carita ma: Damarjati, Sanghyang Bayu, Jayasena, Sedamana, Pu Jayakarma. Ramayana, Adiparwa, Korawasarma, Bimasorga, Rangga Lawe, Boma, Sumana, Kala Purbaka, Jarini, Tantri; sing sawatek carita ma memen tanya.

Hayang nyaho di sakweh ning kawih ma: kawih bwatuha. kawih panjang, kawih lalanguan. kawih panyaraman, kawih sisi(n)diran, kawih pengpeledan, bongbong kaso, pererane, porod eurih, kawih babahanan, kawih ba(ng)barongan, kawih tangtung, kawih sasa(m)batan, kawih igel-igelan; sing sawatek kawih ma, paraguna tanya.

Hayang nyaho di pamaceuh ma: ceta maceuh, ceta nirus, tata-pukan, babarongan, babakutrakan, ubang-ubangan, neureuy panca, munikeun le(m)bur, ngadu lesung, asup kana lantar, ngadu nini;sing sawatek (ka)ulinan ma, hempul tanya.

Sanghyang Siksakandang Karesian - 2 Rating: 4.5 Diposkan Oleh: Andi AF Studio

0 komentar: