Agama Asli Ageman Urang Sunda Baheula

Seueur pisan rerencangan (sanes urang sunda) nu naroskeun ka kuring, soal "Naon sabab urang sunda mayoritas agamana Islam jeung kunaon mani babari pisan ngagem kana ajaran Islam?"


Inget kana pertarosan ieu, minggon kamari nuju boboran di ciamis, kuring ngahajakeun silaturahim kanu jadi guru di hiji lembur di lereng gunung papandayan - garut, waktuna paamprok sareng pun guru pok we ku kuring teh ditarosan ku pertarosan nu diluhur tadi, anjeuna ngajawab singket pisan, cenah :
"Da islam mah memang ageman urang sunda, sunda geus pasti agama islam." 
kuring bingung, ku kuring ditaros deui naon maksudna, apanan SUNDA teh tos puguh mangrupikeun nami ageman, tuluy anjeuna nyarios deui :
"Samemeh datangna aqidah Islam anu mawa ajaran Tauhid, sunda mah geus leuwih tiheula Nauhid, urang sunda ngan nyembah jeung muja ka hiji Sanghyang Widi (gusti nu ngawidian / tuhan yang memiliki kehendak atau yang memberikan izin) nyaeta gusti nu ngagaduhan Widi, atawa sok disebut oge Sang Hyang Kersa (Yang Mahakuasa) atawa Nu Ngersakeun (Yang Menghendaki). oge sok disebut Batara Tunggal (Tuhan yang Mahaesa), Batara Jagat (Penguasa Alam), jeung Batara Seda Niskala (Yang Gaib). anu nempat di Buana Nyungcung (Sidrotul-Muntaha). nya ku urang arab mah eta sebatan di kumpulkeun jadi Asmaulhusna 99 nami gusti tea, tah sanggeus datangna Islam ka tatar Sunda eta sebatan diperjelas deui ku Sifat Wahdaniahna Gusti dina ajaran Tauhid, ditambah keterangan sifat Wajib jeung Mustahilna Sanghyang Widi (Allah ceuk urang sunda), Jadi ayana Islam teh keur nyampurnakeun Sunda. jadi tibaheula ge sunda mah geus wawuh ka Allah nyaeta kanu hiji nu dipikagusti, tegesna Sanghyang Widi teh Allah tea anu ngagaduhan widi. Matak mun diajak nyembah pangeran anu aya 3 atawa lewih loba teh moal daraekeun, iwal ti nu barodo jeung nu kasaredek ku haliah dunya."

Sanajan cariosanana beda sareng nu kacatet dina sejarah kanekes perkawis sunda wiwitan sareng istilah ngahyang/tilem (nyaeta puncakna elmu dina tarekat sunda wiwitan, samemeh datangna Islam nu jadi panyampurna sakabeh ajaran para Nabi anu jumlahna aya 124.000), sanajan lieur, ieu bisa jadi bahan fikiran keur kuring, bisa jadi pangna disebut Parahyangan ge meureun baheulana para Nabi anu nga-hyang teh seuseurna ti Tataran Sunda. jeung bisa jadi oge penganut sunda wiwitan anu teu narima kana islam teh sanes ku teu ngartos, tapi saking ku sieunna kaleungitan ajaran wiwitan ti karuhun bari manehna can nalungtik yen datangna Islam teh keur nyampurnakeun ajaran sunda wiwitan lain keur ngaleungitkeun.

Sekian dulu capruk dari saya, di lajeng tahun payun.. rahayu we lah..

Agama Asli Ageman Urang Sunda Baheula Rating: 4.5 Diposkan Oleh: Andi AF Studio

6 komentar:

afa arina karim mengatakan...

assalamu'alaikum wr wb

sae-na tah ageman urang sunda...

Cakra Arganata mengatakan...

sampurasun

hapunten sateuacanna, upami ageman urang sunda asli mah sanes islam atuh kang...tapi ageman anu sebatanna ageman sunda wiwitan eta ageman teh tos aya sa teu acan islam sareng hindu lebet ka tanah sunda...

Kusnadi mengatakan...

nuhun, janten nambihan pangartos

Unknown mengatakan...

Maha Suci Allah nu ngawasa langit jeung bumi.

Unknown mengatakan...

sok ayeuna urang sabagai urang sunda urang baralik deui kana budaya sunda

Unknown mengatakan...

Sadaya na urang sunda ngaku ka sundaan na mah. Ngan hiji nu tos pudar teh rasa sunda na mana??, rasa mikawelas mika asih, apanan tos karaos kusadayana, di sabudereun urang runtag pajajaran karaos pisan. Mana sunda nu berehan teh, mana sunda nu milu ceurik diwaktu dulur urang susah teh, mana sunda nu ngaraoskeun peurih manah na ninggali ting karoceak tatangga teu tiasa nyangu nyangu acan. Hayu baraya urang kepruk saliara dina manah sangkan caang rahayu na