Harti Masjid Saenyana

Upami simkuring tumaros ka salasaurang muslim “Naon ari masjid teh? Dina umumna waleran anu bakal katampi kieu: “Masjid teh nyaeta tempat ibadah (solat) babakuna solat Jumaah” Eta waleran kacida leresna, namung upami ditingal tina segi makna anu saleresna eta waleran teh kirang leres. Atanapi langkung sae disebatkeun setengah leres, upami pangajenna ati-ati pisan mah.


Ditingal tina harti harfiah masjid memang tempat sholat. Kecap MASJID asal tina masdar basa Arab “Sujudan”. Fiil Madina “Sajada” (hartina: geus sujud) fiil sajada dibere rarangken /mim/ ngalantarankeun parobahan wangun sajada jadi masjid (hartina: tempat sujud).

Namung upami urang ngabahas masalah gedong nu diistilahkeun ku masjid dina addin Islam harti “tempat solat” wungkul, henteu sadayana leres. Apan Gusti Allah parantos ngajadikeun sakuliah jagat ieu teh masjid, tempat sujud, tempat hsolat? Naon atuh bedana satungkebing bumi sabage masjid sareng wangunan/gedong sabage masjid? Upami Nabi Muhammad SAW ngadawuhkeun: “Sakuliah jagat pikeun simkuring geus dijadikeun masjid (tempat sujud)”, eta ngandung maksud yen sujud ka Gusti Alloh henteu kasengker ku tempat.

Sujud teh pangakuan ibadah, nya eta pernyataan kumawula lahir anu jero pisan. Saparantos iman dipimilik ku jiwa, letah ngucapkeun ikrar kayakinan sabage pernyataan tina milik rohaniah. Saparantos letah ngucapkeun kayakinan, jasmani nganyatakeun gerak kayakinan ku jalan sujud dina waktu solat. Sujud mere makna yen naon-naon anu diucapkeun ku letah teh sanes ucapan kosong wungkul.
Panyaksen atawa pangakuan letah tea diaku ku sakujur jasmani manusa dina wujud gerak lahir, nyambung gerak batin nu ngaku sareng ngayakinkeun iman. Ngan ka Gusti Alloh hiji-hijina, Muslim sujud, henteu ka nu sanes lian ti ka Mantenna. Sakumaha gagah perkosana manusa, rosana tanaga, rasiahna kagaiban, salila manehna kumelendang di alam dunya, manehna teh mahluk biasa. Sarta manusa teh lain sasaranna pikeun sujud. Hiji-hijina sasaran sujud mah kapan Cholik. Sakumna mahluk wajib sujud ka Anjeunna. Anu henteu sujud ka Anjeunna, ingkar ngaranna.

Waktu Rabi’ah bin Ka’ab nyuhunkeun ka Nabi: “Jisim abdi nyuhunkeun supados tiasa nyarengan Bapa ka Sawarga”, Nabi ngawaler: ”Naha masih aya permohonan anjeun anu sejenna?”
Waktu Rabi’ah ngawaler: “Mung sakitu”, Nabi sasauran: ”Lamun kitu tulungan kuring pikeun kapentingan anjeun sorangan, ku jalan ngalobaan sujud!”
Kacindekan tina ieu hadis, nya eta samangsa-mangsa anu ngalobaan sujud teh asup ka sawarga. Saha atuh eusi sawarga teh? Taya lian ti muslim sajati. Jadi muslim sajati kudu loba ngalakukeun sujud.
Sakuliah jagat teh masjid pikeun muslim. Jadi satungkebing bumi teh tempat sujud ka Pangeran. Sujud dina harti lahir sipatna gerak jasmani, sujud dina harti batin nya eta kumawula ka Gusti Alloh.
Nabi ngadawuh, yen ngalaksanakeun kawajiban nyembah ka Pangeran pikeun muslim henteu kasengker ku tempat. Di bumi, di kantor, di sawah, di leuweung, di gunung, di jomantara, dina kendaraan, di sisi jalan, di mana bae oge eta teh mangrupa masjid pikeun muslim. Anas bin Malik nerangkeun yen Rosululloh biasa solat di mana bae, lamun geus waktuna, sanajan cek paribasana mah di kandang embe.
Pikeun hubungan sareng Alloh ku jalan solat, Pangeran henteu nyebutkeun tempat husus. Tempat pikeun sambeang henteu perlu ditasbihkeun saperti tempat sambeangna Nasrani, Yahudi, Hindu atanapi agama-agama sejenna. Ka Zabir bin Abdullah, Nabi nerangkeun: “Ieu bumi pikeun kuring suci beresih jeung beunang dijadikeun tempat pikeun solat, ku lantaran eta dimana bae urang aya, meunang solat lamun waktuna geus cunduk”.
Ieu teh hiji tina lima kaistimewaan nu henteu dipaparinkeun ku Alloh ka Nabi-nabi samemeh Nabi Muhammad. Jadi pikeun nabi sanesna mah tempat sembahyang wajib diadegkeun husus sarta ditasbihkeun atawa disucikeun heula.

Sanajan masjid nurutkeun anggapan muslim ilaharna dina waktu-waktu ieu, nya eta tempat solat (sembahyang), nyatana mah henteu mutlak pikeun sembahyang. Sabage tempat sembahyang mah tugas sekunder (kadua) eta gedong masjid teh, sabab jagat di luareun masjid teh lega pisan anu fungsina kawas masjid, sarta henteu perlu diadegkeun heula saperti wangunan masjid. Peristiwa ngadegkeun masjid nu muggaran, mere makna ka urang, naon saenyana nu kawengku ku istilah masjid.
Saparantos kira-kira 12 taun ngajalankeun tugas karosulan di Mekkah, aya pameredih ka Nabi Muhammad sangkan hijrah ka Madinah. Ditilik tina elmu perang, hijrah teh mangrupa taktik, strategi Nabi pikeun ngembangkeun addin sareng ngislamkeun ummat.
Ieu taktik mimitina dijalankeun di Makkah. Tapi ampir taya kamajuan pisan, tangtangan ti pihak musuh kacida kuatna sareng mingkin intensif. Nabi nukeur taktik ku jalan ngajadikeun Madinah sabage markas besarna. Tur kanyataanana sukses.
Nya dina dinten Senen, tanggal 12 Rabiulawal (28 Juli 622 M) Nabi Muhammad ngantunkeun Makkah ngajugjug ka Qubah, kiduleun Yatrib (anu saterusna dilandi Madinahan Nabi). Nya ti harita ayana kalender Islam, nu ngandung hartos ngawitanana kurun Islam dina sajarah umat manusa.
Naon anu mimiti pisan dilakukeun dina dinten kahiji kasumpingan Nabi sarta rombonganana di Qubah? Anjeunna umajak ka kaom Muslimin nu aya sabudeureun pikeun ngadegkeun masjid, tempat sujud. Tanah kebon tempat eta masjid diadegkeun teh milik Bani Nayar anu nolak pembayaran ti Nabi nu satadina bade ngagaleuh eta kebon.

Nabi ku anjeun ngiring ngangkatan batu. Dina gotong royong henteu ngitung bayaran sareng pangkat. Bari didaramel kaom Muslimin teh taretembangan. “Ya Allah, henteu aya deui kasaean di dunya mung kaheman di akherat. Mangga barantu Anshar ti Madinah sareng para Muhajirin ti Makkah.”
Kurun Madinah dina kamekaran Islam saparantos hijrah mangrupa kurun nu beda ti kurun Makkah. Di Madinah panganut Islam gancang ngarekahan sanajan mendak halangan ti fihak Yahudi, anu satadina mah miharep sangkan Nabi nulungan maranehna. Jigana bae, kitab Taurat teh aya nu ngarobah. Sabab kitab Taurat nu asli mah ngajarkeun ka kaum Yahudi pikeun ngaku Islam sareng Muhammad. Namung kitab suci nu parantos dirobah mah eusina teh sawangsulna, dugi ka nimbulkeun perpecahan di golongan Yahudi.
Di sagigireun jalma nu asup Islam kalawan leres-leres yakin, aya oge golongan nu lebetna ku alatan pertimbangan kauntungan sareng kapentingan dirina sorangan.
Ku mingkin seueurna panganut, Nabi mayunan suasana anyar. Upami di Makkah anjeunna ngadugikeun ajaran kalawan sumanget, nyingsieunan sareng maparin harepan, ganjaran nu hebat sareng kanikmatan, sajajar sareng wahyu nu diturunkeun. Tah, di Madinah mah ajaranana ditujukeun pikeun nyusun masarakat Islam nu langkung jembar.

Surah-surah Makkiyah eusina anjuran sareng narik ka ummat pikeun jadi mukmin. Surah-surah Madaniyah tujuanana ngatur jalma dina hiji susunan masarakat. Di Makkah mah Muhammad sabage Rosul ku perantawisan wahyu nu disaurkeun ku Jibril ti Alloh. Anjeunna babakuna mere kayakinan ka urang Makkah, supaya iman ka Alloh, ngemutan hirup saparantos maot. Di Madinah kawajiban Nabi parantos langkung jembar, anjeunna sanes bae sabage perantara manusa jeung Pangeran, namung jadi panguasa di luhureun masarakat Muslim. Kakawasaanana ngatur, ngadamel undang-undang, marentah nurutkeun kapalay Alloh.
Ti wangkid hijrah tumuwuh kakawasaan nagara, anu pucuk pingpinanana dikadalian ku Nabi ku anjeun (biatil nuluki wal umaro). Nagara teh wujud nyata ti masarakat, sedengkeun masarakat teh wadahna kabudayaan.
Ku margi kitu surah-surah anu turun di Madinah henteu ngagedur-gedur, nyerang sareng narik, namung sifatna lemah lembut, mere panerangan sareng penjelasan kumaha Muslim kedah hirup, kumaha kedahna laku lampah di masarakat, kumaha susunan masarakat, singgetna mah kumaha cara hirup atawa “way of life”na hubungan antara sasama Muslim atawa sareng sanes Muslim. Eta sadayana bakal ngalahirkeun kabudayaan nu Islami.
Kajadian nu aya dina kurun Madinah dimimitian ku ngadegkeun masjid Qubah. Harita turun ayat nu unina:
“Saenya-enya masjid anu didadasaran ku takwa dina poe diadegkeunana, hade pisan maneh ngadegkeun solat di jerona. Di jero eta masjid aya sawatara lalaki nu resep kana kaberesihan dirina, sarta Allah mikaresep ka jalma anu beresih”. (QS al Baqarah:103)
Tina pedaran tadi aya sabaraha kacindekan:
  1. Dina kaayaan darurat saparantos Nabi dugi ka tujuan akhir ngungsina, lain ngawangun pertahanan pikeun nyanghareupan serangan musuh ti Makkah, namung ngawangun masjid munggaran.
  2. Kalender Islam dimimitian ku ngadegkeun masjid tanggal 12 Rabiul awal, ngawitan taun Hijriah, saterasna dietang kaping 1 Muharram nu ragrag dina dinten Jumaah. Dinten Jumaah dianggo ngaramekeun masjid sacara husus unggal 7 dinten sakali.
  3. Islam dilahirkeun di Makkah. Ngarekahanana di Madinah. Dina kurun nu munggaran Nabi ngajarkeun dasar-dasar agama, ari dina kurun kadua ngajarkeun dasar-dasar kabudayaan. Dina wates antara dua kurun, Nabi ngadegkeun masjid. Jaman kurun Makkah ayat-ayat nu turun ditujukeun ka manusa “Hai manusia….” Ayat-ayat Makkiyah ngajak manusa kana ka-Tunggalan pangeran , ngajelaskeun yen teu aya deui Pangeran iwal ti Alloh, mere nyaho yen aya ganjaran pikeun manusa nu hade sareng siksaan ka manusa anu jahat, ngajarkeun kahirupan sabada maot, kahirupan aherat. Beda ti ayat-ayat Makiyyah nyaeta ayat-ayat Madaniyah nu umumna panjang-panjang. Pikeun nerangkeun diperlukeun pedaran-pedaran nu panjang. Mun ayat Makiyyah pondok, tegas, ngajak, marentah, nyingsieunan, ngajangjikeun ganjaran jeung siksaan. Ayat Madaniyah ditujukeun sanes ka manusa tapi ka mukmin, anu geus iman. Al Makkiyah jumlah surahna 86, tujuan pokona melakkeun kaimanan sareng tumuwuhna agama Islam. Dina kurun Madinah tujuan pokona stabilisasi jalma-jalma nu parantos iman, ngawangun kesatuan sosial Islam nu ngandung harti ngawangun kabudayaan Islam. Di makkah mah pancen Nabi sabage perantara antara manusa sareng Pangeran. Di Madinah anjeunna nyusun, ngatur hubungan anatara manusa jeung manusa, nyusun ngatur kabudayaan di sagigireun pancen mimiti. Ngadegna masjid nu dipigawe ku Nabi antara kurun ajaran agama sareng kurun ajaran kabudayan, tiasa dihartoskeun yen anjeunna ngadeg dina congo ajaran agama sareng dina puhu ajaran kabudayaan.
  4. Masjid ngudar Gemeinschaft Arab sareng ngawangun Geselschaft Islam nu ngawengku ka jalma mukmin. (Kaum muhajirin sareng Ansor teh Geselschaft Islam).
  5. Masjid diadegkeun ku para mukmin anu takwa.
  6. Masjid diwangun sacara gotong royong jeung sambat-sinambat.
  7. Masarakat Islam anu disanghareupan ku masjid Qubah (nu kahiji) asalna ti dua golongan nyaeta anu mukmin sareng anu munafik. Anu munafik seueur anu nyamar sabage mukmin.

Dina kacindekan di luhur tiasa kagambarkeun makna nu saleresna tina masjid. Upami dina dinten kahiji Nabi sareng rombonganana nepi ka daerah Madinah dina raraga hijrah ti Mekkah, ngahagal ngadegkeun masjid, tujuan Nabi kana eta gedong teh sanes sakadar pikeun tempat sujud, tempat solat wungkul. Sacara logis atanapi harti injeuman wungkul parantos tiasa dicandak kacindekan, yen Nabi dina dinten munggaran pisan sabada hijrah, moal ngadegkeun masjid, upami henteu aya anggapan kana pentingna gedong masjid, babakuna dina mayunan kurun Madinah.
Upami mung sakadar tempat solat mah, kapan sakuliah jagat ieu teh parantos dijadikeun ku Pangeran pikeun masjid. Dina raraga ngajawab pertanyaan Abu Zar ngeunaan Masjidil Haram sareng Masjidil Aqso, Rasulullah nyaurkeun: “Di mana bae maneh aya, lamun cunduk waktu solat, prak pigawe, sabab di mana bae oge, masjid”. (Hadist Muslim: 315)

Upami ditaliti sajarah Islam bakal tiasa dicindekkeun yen kasampurnaan agama, pangwangunan dunya jeung kabudayaan Islam, tiasa kapendak dasar-dasarna tina naon-naon nu dilakukeun ku Nabi sabada hijrah.
Saleresna 10 taun panungtung tina nalika jumenengna Nabi ti saseret hijrah dugi ka pupusna, nerapkeun fondamen pikeun dunya Islam. Upami Nabi dina dinten kahiji hijrah tea ngadegkeun masjid, tiasa dicindekkeun yen eta gawe teh ngadegkeun fondamen utama dunya Islam. Sabab tugas-tugas nu dipaparinkeun ku nabi ka masjid mangrupa binih nu dina mekarna ngalahirkeun dunya Islam. Cindekna, tugas masjid teh sabage Pusat ibadah jeung kabudayaan Islam.

Tina: Naskah Catetan “Masjid”. R. Soerjo Argawisastra

0 Waleran:

Sapuluh Seratan nu Pangpajengna Diaos