Implikasi Kahirupan Sapopoe Kana Sistem Pendidikan Islam

Permasalahan sejen di dunya pendidikan museur dina krisis multidimensi anu matak prihatin, ngenes jeung kapapanjangan. Naon atuh hal anu salah di bangsa urang teh ? Jigana salasahiji kasalahan anu pangbeuratna nya eta ditinggalkeunana budaya bangsa: budaya damey, merdeka, mandiri, rasa adil, anu jadi kompetensi kahirupan di Indonesia. Ieu kaayaan teu meunang diantep, perlu dibeberes sagancang-gancangna sacara konsepsional nyaeta revitalisasi budaya bangsa, sangkan cahaya-Na nyaangan deui anak bangsa nu mibanda poe isuk. 

Revitalisasi ngaliwatan transformasi budaya nyaeta pendidikan saumur hirup, minimal neuleuman tujuan pendidikan, peserta didik, pendidik, kurikulum, penunjang, dan ngokolakeun rupa-rupa jalur jeung tahapan pendidikan. Hasil panalungtikan ngarumuskeun kaharmonisan kompetensi kahirupan anu damey, merdeka, mandiri, tur adil. 

Saratus Taun Kebangkitan Nasional
Implikasi pendidikan nu basisna kompetensi kahirupan nyanghareupan Sistem Pendidikan Nasional nyaeta perluna ngalengkepan rumusan tujuan pendidikan nasional ku jalan nuliskeun kecap damey, merdeka, mandiri, jeung adil. Badan Standar Nasional Pendidikan samemeh ngarumuskeun standar lulusan kuduna nerapkeun kompetensi kahirupan dina perkembangan manusa Indonesia.
Taun ieu geus saratus taun lilana Kebangkitan Nasional. Memang geus kaciri ayana kamajuan, sanajan teu leupas tina permasalahan multi dimensional anu karandapan ku bangsa, anu matak prihatin malah ngahariwangkeun tur kapapanjangan. 

Pikeun bukti, hayu urang ngayakeun perjalanan ti tungtung kaler Banda Aceh ngaliwatan Sumatera, Kalimantan, Jawa, Bali, Nusa Tenggara nepi ka Merauke di Irian Jaya.
Saliwatan bakal katingali endah pisan tanah Indonesia, nu beunghar ku sumber daya alam jeung budaya. Geura sawang tanah jeung gunung-gunung anu ngemploh hejo, jeung laut anu bulao, dipelakan gedong-gedung anu jujul ka langit di kota-kota. Jalan gede jeung jalan tol anu sakitu panjang tur rubak kabanjiran rupa-rupa mobil mewah. Speda motor kawas sireum minuhan jalan. Komunikasi anu beuki canggih jeung ngarakyat nepi ka tukang sayur gendong oge boga telepon genggam. Estu beunghar jeung hebat Indonesia.
Hanjakal, di antara kamajuan masih aya anu ngantri minyak, cai jeung raskin, teu saeutik panganggur jeung jalma nu teu boga pagawean keur dahar engke sore. Panganggur tumuwuh kalawan subur, kamiskinan tetep numpuk, anu matak henteu heran kajahatan muncul di mana¬-mana: maling, rampog unggal poe taya towongna. Korupsi hese eureun, tawuran antarkampung jeung antarkampus terus lumangsung, formalin nyaliara dina kadaharan, narkoba, maen judi, maehan kalawan sadis, di luar perikamanusaan jeung HAM. Pemerintah tacan bisa ngaluarkeun kawijakan pikeun naekna harga BBM, antukna loba jelema anu frustasi jeung ngeureunan hirup (bunuh diri) lantaran kalindes ku masalah ekonomi.
Katambahan deui ku ayana pihak anu hayang ngaleupaskeun diri ti NKRI lantaran hayang ngurus diri sorangan. Pangbahayana mah rumaja loba nu laliar di jalan, teu sakola, embung diajar, kajeun rame-rame di pasampangan jeung gang-gang leutik, teu wawuh jeung kahirupan anu hade. Fasilitas pendidikan hususna kasajahteraan guru masih matak prihatin. Teu saeutik sakola anu teu bisa mere pangalaman diajar nu hade, barudak geus biasa ku tempat diajar anu kumuh, kotor jeung pabalatak. Lamun kitu, surem jalan pikahareupeun pikeun bangsa Indonesia. 

Tahapan Permasalahan
Jadi, naon anu salah dina diri bangsa Indonesia? Ekonomi, politik atawa hal sejen? Dina widang ekonomi jelas henteu. Duit mah loba sanajan meunang nginjeum, mindeng kadenge korupsi nu hese eureun jeung hese ditumpasna. Mal tumuwuh kalawan gancang nepika padagang leutik bangkrut. Soal politik oge henteu. Partai tumuwuh kalawan subur jeung pilkada kiwari keur ceuyah di mana-mana. Sedengkeun masalah paling dasar anu sering diangkat tapi henteu jadi perhatian malahan loba nu teu miduli, nyaeta budaya.
Urang teuleuman tujuan jeung kaluaran anu dipiharep. Kajian awal ngabogaan tujuan pikeun neangan informasi atawa katerangan ngeunaan pendidikan anu basisna kompetensi kahirupan di Indonesia, nu bisa dijadikeun cecekelan pikeun kaperluan pendidikan geusan ngahontal kasejahteraan umum.
Urang kudu nempuh prosedur kajian. Mimitina kajian dipigawe sacara kualitatif ngahartikeun kecap, kalimah, jeung frasa nu kapanggih, boh dina budaya lokal atawa wewengkon, nasional jeung global. Cara nanya, neuleuman pangalaman, dokumentasi, jeung bacaan-bacaan nu aya pakaitna jeung pendidikan.
Manusa lahir ka dunya lantaran karunia Allah SWT, beresih (tabularasa) jeung teu boga daya, tapi dilengkepan ku kamampuh dasar jeung potensi nu pangsampurnana, sanajan aya oge manusa nu mibanda kaleuwihan jeung kakurangan (ayana bakat istimewa). 

Pendidikan teh lumangsung saumur hirup. Komponen pendidikan paling saeutik ayana tujuan (kahirupan nu leuwih hade pikahareupeun), siswa (ti ayunan nepi ka liang lahad), pendidik (kolot, guru, tanaga kapendidikan), kurikulum (hubungan timbal-balik siswa jeung pendidik dina rupa-rupa situasi), sarana/prasarana pendidikan, jeung cara ngolah pendidikan (kumaha ngatur, ngarencanakeun, ngalaksanakeun ngawas sumber daya pikeun ngahontal tujuan pendidikan nu produktif).
Sacara umum pendidikan mibanda tujuan pikeun ningkatkeun kompetensi kahirupan siswa kahareupna nu leuwih hade dina usaha nyerdaskeun bangsa nu damey, mandiri tur adil.
Siswa teh hirup ti mimiti ayunan nepi ka liang lahad, nuju ka kahirupan nu leuwih hade sacara demokratis dina rupa-rupa tahap pendidikan. Maranehna mibanda kamampuh dasar (general potential), kamampuh dasar kelompok paelmuan nu beda, jeung boga kamampuh individu dasar nu beunghar ku variasi, unik jeung hakiki (multiple intelegence), boga hak jeung kawajiban nu sarua pikeun ngamekarkeunana sacara demokratis jeung koperatif, luyu jeung tugas perkembangan nu kudu diliwatan sajalan jeung tempat atawa waktu maranehna aya (development tasks) nurutkeun Hapighust (Pengambangan Kepribadian Pancasila: 1987). 

Pendidik jeung tanaga kapendidikan nyaeta kolot, pemerhati jeung anu paduli kana pendidikan, jeung guru nu profesional nurutkeun kaahlian masing-masing, samistina nuduhkeun kahirupan anu damey, mandiri tur adil, nepi ka pantes digugu jeung ditiru jadi idola barudak.
Undang-undang RI No.20 Tahun 2003 ngeunaan Sistem Pendidikan Nasional nyebutkeun yen kurikulum nyaeta rencana jeung aturan ngeunaan eusi jeung bahan pangajaran sarta padoman KBM. Kurikulum dina harti lega nyaeta sagala hal nu disadiakeun ku lembaga atawa satuan pendidikan pikeun ngahontal tujuan pendidikan, nyaeta kahirupan nu bagja lahir batin, dunya aherat ngaliwatan elmu jeung kaparigelan.
Metodologi pendidikan biasana lain ngan hiji metode tapi gabungan sababaraha metode anu pas kana permasalahan nu diajarkeun. Tangtu leuwih hade mun dibarengan e-learning jeung ICT. Salasahiji tindak lanjut kurikulum jeung metodologi pendidikan nyaeta pangajen atawa pangukuran proses jeung prestasi diajar sangkan nyaho nepika mana tujuan pendidikan kahontal : maju, hasil, atawa jalan di tempat.
Pendidikan anu hade merlukeun penunjang anu kapake di antarana fasilitas saperti rohangan diajar, laboratorium, tempat praktek lapangan, perpustakaan anu dieusian ku buku pangajaran wajib atawa palengkep, majalah, surat kabar. Fasilitas pendidikan kudu bersih, disiplin waktu, suasana kelas anu rapih, dan lingkungan sakola nu pikaresepeun.
Sistem pendidikan kalaksanakeun sarta bisa ngahontal tujuan pendidikan anu produktif ditangtukeun ku cara ngokolakeun sumber daya. Ngokolakeun dina harti nata, ngatur, manajemen atawa administrasi ngalipudan perencanaan, pelaksanaan jeung pengawasan sumberdaya manusa, sumber informasi, hususna kurikulum, fasilitas jeung bea pendidikan keur ngahontal tujuan produktif. 

Implikasina Pikeun Sistem Pendidikan Islam
Sistem Pendidikan Islam dina kahirupan perelu nyaluyukeun rumusan tujuan pikeun ngahontal kompetensi kahirupan anu damey, merdeka, mandiri tur adil. Lengkah-lengkahna: a. naliti kompetensi kahirupan sangkan pendidikan jelas tujuanana nyerdaskan bangsa jeung budaya Pancasila. Henteu ngan cukup ku nyebutkeun dumasar Pancasila, tapi hadena mere garis anu jelas sabage rujukan pikeun kompetensi kahirupan sapopoe, b. Nyaluyukeun tujuan pendidikan nasional jeung kompetensi kahirupan nu digariskeun sarta ngagunakeunana disaderhanakeun nepi ka aya pembaharuan sistem pendidikan nasional nu anyar.
Rumusan anu ayeuna oge teu salah malahan lengkep pisan tapi henteu pas. Tujuan pendidikan dina UU No. 20 henteu nuliskeun sacara eksplisit kecap damey jeung adil. Memang komponennya loba jeung panjang, tapi henteu jelas sumberna.
Pangwangunan Pendidikan di daerah diluyukeun jeung kawijakan nu geus dimusyawarahkan di eta daerah. Aya dua hal nu penting tina pangwangunan pendidikan di daerah, nyaeta: a. Otonomi Daerah teu ngandung harti ngaleupaskeun diri ti pangwangunan nasional, b. Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan (KTSP) kudu nimbang-nimbang kaunggulan budaya jeung potensi lokal, make prinsip "thinking globaly and acting locally". KTSP basisna budaya jeung kaunggulan lokal, tapi tetep ngacu ka pangwangunan nasional jeung global demi ngahontal kautuhan dan kamajuan bangsa. 

Panutup
Urang bisa bae kapangaruhan ku Pancasila sabage hiji-hijina asas jeung P4 anu kurang operasional, Tapi henteu cukup ngasupkeun Pancasila sabage dasar pendidikan nasional, hadena mah Pancasila sabage padoman hirup sapopoe
Hal ieu dipiharep ngagugah pendidik jeung tanaga kapendidikan, para politisi jeung pajabat nagara keur neuleuman deui permasalahan di Indonesia hususna masalah pendidikan leuwih jero. Naha memang bener dibalukarkeun ku politik, ekonomi atawa hal sejenna deui?
Lamun bae ieu panalungtikan teh bener sarta ngangkat budaya sabage akar masalah, anggapl bae pamuka jalan kana perbaikan. Tapi lamun henteu cocog jeung dianggap salah, anggap bae wacana demokrasi atawa salasahiji pamadegan anu bisa bae diantep atawa ditinggalkeun. 

Ku kituna henteu kaleuleuwihi lamun aya studi anu jero jeung komprehensif ngeunaan pendidikn di Indonesia kalawan cocog, nepika jentre usaha nu dipilampah dina raraga neangan jalan kaluar geusan memeresna. Kriteria kaberhasilan pendidikan nyaeta produktivitas pendidikan anu ngalimpudan efektivitas jeung efisiensi pendidikan. Efektivitas nyaeta hasil nu kahontal ku diterapkeunana sistem, minimal mah prestasi jeung proses pendidikan. Prestasi ngalimpudan asupan anu rata jeung demokratis. Kaluaran ngalimpudan elmu jeung teknologi anu diperlukeun jeung lulusan nu rea, berkualitas, relevan, jeung boga ajen ekonomi anu layak.
Proses pendidikan diantarana: siswa diajarna senang, gairah, nangtang nepi ka ngadorong motivasi diajar mandiri. Ningkatkeun sumanget jeung etika gawe pendidik jeung tanaga kapendidikan hususna guru, jeung numuwuhkeun kapercavaan (mutual understanding). Sedengkeun efisiensi pendidikan nyaeta ngamangpaatkeun tanaga, fasilitas, beaya, waktu anu saeutik tapi efektivitasna luhur. Ieu teh kriteria atawa ukuran kaberhasilan pendidikan, sanajan naon bae oge inovasi nu diayakeun.

Catetan: Hj.Imas Kurniasih, M.Ag-MG

0 Waleran:

Sapuluh Seratan nu Pangpajengna Diaos