Islam Rohmatan Lil Alamin

Taun 622 Masehi kalawan dibarengan ku 200 urang sahabatna, Muhammad SAW hijrah ti kota Makkah ka Madinah. Lantaran kota Mekkah harita dianggap kurang kondusif pikeun perkembangan Islam. Geus hese pisan pikeun melak akidah tauhid. Kitu deui ditilik tina jihad geografis, kota Madinah leuwih nguntungkeun batan Makkah. Tina jihad sosial budaya, urang Madinah leuwih sopan jeung toleran (tasamuh) batan urang mekkah. Tina jihad ekonomi harita kota Madinah leuwih strategis.
Muhammad nyawang masarakat Madinah majemuk. Agamana oge rupa-rupa. Aya Yahudi, Nasrani, Majusi nu nyambeh kana batu, aya oge nu teu boga pangeran.
Sarta diantaran aya umat Islam anu jade cikal bakal kaom Anshor. Sosial ekonomina pinuh ku potensi konflik lantaran ayana jurang pamisah antara si beunghar jeung si miskin anu jauh pisan ganjorna. Si beunghar mibanda harta banda anu ngaleuya sedengkeun si miskin ampir maot kalaparan. Sedengkeun fanaisme golongan katara pisan. Misilna bae, dua kabilah anu dominan di Madinah, nya eta AUS jeung KHAJRAJ geus opat puluh taunan silih paehan. 

Nyanghareupan heteroginitas akidah jeung rupa-rupa kaimanan di Madinah, anjeunna kungsi ngaluarkeun aturan tinulis, nu disebut dustur Madinah (piagem Madinah). Eusina eta piagem masih bisa dibaca ku urang anu antaralain ngeunaan tasamuh (toleransi) ngawangun gawe bareng antar ummat nu sarua mibanda agama. Sababaraha pasal diantarana nyebutkeun “Jalma luareun Islam teu meunang dipaksa pikeun ngagem Islam”. Ieu pasal tangtu bae luyu jeung ayat “Laa ikraaha fiddiin”. Jade maranehna dibere kabebasan pikeun nyembah pangeran sewang-sewangan. Kitu deui rujukanana teh surah al-Kafirun. Maranehna kudu loyal ka pamingpin Madinah sarta teu meunang khianat ka sasama masarakat Madinah.
Ieu dustur mangrupa konstitusi pangkolotna di dunya. Harita henteu aya nagara anu boga undang-undang tinulis. 

Lamun diaji eusi dustur kasebut karasa pisan ajaranana pinuh ku toleransi. Patukang tonggong pisan jeung opini global kiwari. Lantaran ku rang bakal karasa opini global mah neken ka Islam. Agama Islam mindeng diidentikeun jeung kakerasan atawa teror. Kajadian-lajadian internasional saperti nu kajadian di Denmark, bleg bae ngagambarkeun yen Rasulullah jade sosok jalma anu sadis, mawa bom jeung pedang, anu ngagambarkeun kesan ti nu nyieun karikatur yen Islam sadis. Disusul deuih ku film Fitna di Walanda anu pinuh ku tuduhan yen urang Islam teh tukang maehan. Nepi ka kaluar pernyataan ti politisi Amerika yen lamun hayang ngeureunkeun terorisme cukup ku njalan ngabom Kabah, lantaran ti dinya kaluar teroris-teroris internasional. 


Dampak tina eta opini karasa pisan ayeuna. Rea urang Islam anu hese meunang visa ka nagara-nagara saperti Amerika, Inggris, Australia, Perancis, Jepang jeung sababaraha nagara anu sabenerna mah aman. Naon sababna? Lantaran urang Islam dituduh teroris. Peristiwa Gaza kamari mudah-mudahan bisa ngarobah opini global sangkan bisa jade kacindekan yen tukang maehan teh geuning lain umat Islam, tapi zionis Yahudi, anu tega maehan leuwih ti 300 bayi kalawan sadis. 

Waktu ngawangun masarakat Islam Madinah, Rasulullah salawasna maparin amanah,”Salawasna kudu uluk salam mun papanggih jeung sasama, hubungkeun silaturahmi, wujudkeun kapadulian sosial, pek geura salat tengah peuting waktu kaom kafir keur sarare”. Umat Islam kudu miara sopan santun, lantaran sopan jeung santun teh dawah anu pangefektifna. Sedengkeun kakerasan bakal ngaruksak strategi dawah jeung ngaruksak citra kasucian Islam. 

Sabage umat Islam kudu nyieun hubungan kakulawargaan jeung saha bae oge. Kaasup jeung jelema anu mikangewa. Urang ulah nyarita lamun batur milampah kahadean urang ge bakal hade, lamun maranehna dolim, urang rek sarua oge milampah dolim. Kuduna, lamun batur milampah hade urang ge bakal hade, sarta lamun batur milampah kajahatan urang moal ngalakukeun kajahatan. Kuduna, urang pasrahkeun bae sagala-galana ka Allah Ta ‘ala. Kacida hadena mun urang wujudkeun kapadulian sosial. Tulungan maranehna anu kasup ekonomi kurang. Utamana anu keur ngalaman krisis dahareun tong diantep nepi ka maranehna jade nekad milampah kajahatan lantaran beuteungna lapar.
Tilu amanah kasebut pinuh ku sikep ngawangun kaakraban jeung kakulawargaan. Sedengkeun amanah kaopat nya eta pesen spiritual sangkan umatna teuneung tur ludeung, henteu gancang putus harepan jeung gampang kasigeung nyaeta ku jalan solat tengah peuting waktu jelema-jelama non muslim keur sare. Rasul ku anjeun mindeng ngalakukeun solat tengah peuting dina taun-taun munggaran kanabianana. Anjeunna mindeng difitnah, dilecehkeun, dihina, diasingkeun. Tapi salila eta anjeunna sukses jeung tanggoh dina ngajalankeun perananana sabage juru dakwah. 

Prof.Dr. KH Miftah Farid
Disarikeun tina khutbah Jumat di Masjid Raya Bandung 6 Pebruari 2009

0 Waleran:

Sapuluh Seratan nu Pangpajengna Diaos