Karakteristik Dakwah Qur'ani


Al-Qur'an mere pituduh kana hal-hal anu praktis. Salawasna nekenkeun kana amal jeung tingkah laku ti batan mere gagasan. Sakumaha pituduh pikeun manusa, al-Qur'an nyadiakeun hiji dadasar anu kuat jeung teu bisa dirobah pikeun sakabeh prinsip-prinsip etik jeung moral anu perelu dina kahirupan. Nabi henteu kagungan kakawasaan politik pikeun nyokong misi kanabianana dina mangsa Makkah, sawatara di Madinah anjeunna minangka “kapala politik-agama” saeutik oge henteu kungsi ngumumkeun sabage panguasa.

Anggapan urang pasti yen eusi Al Quran teh mere pituduh anu hade pikeun manusa, pituduh nu mawa kana bebeneran jeung suasana kahirupan anu leuwih hade. Sanajan kecap “Allah” aya leuwih ti 1500 kali kapanggih dina al-Qur'an di sagigireun kecap-kecap sejenna saperti ar-Rabb (Maha Miara), jeung ar-Rahman (Maha Asih), ieu kitab suci utamana ditujukeun pikeun manusa.

Kitu cek Muhammad Abduh sakumaha anu dicaritakeun ku Muhammad Rasyid Ridha, ngeceskeun yen al-Qur'an mangrupa bukti anu kuat (hujjah) pikeun manusia nepi ka datangna poe panganggeusan.

"Al-Qur'an mere pituduh kana hal-hal anu praktis. Salawasna nekenkeun kana amal jeung tingkah laku ti batan mere gagasan." Dumasar kana ieu pamadegan, iman kakara ngabogaan harti lamun dibarengan ku amal jeung kalakuan anu positif jeung konstruktif. Jadi bisa kaharti lamun Iqbal mere kritikan kana teologi Islam skolastik anu karasa pisan kapangaruhan ku pamikiran Yunani kuno. Sanajan hal ieu geus ngajembarkeun sawangan pamikiran sarjana jeung teolog muslim, tapi sacara henteu langsung geus ngaleungitkeun visi ngeunaan al-Qur'an. Ieu kitab suci kurang katarik kana pamikiran teologi murni jeung spekulatif, hiji wilayah anu ngawasa loba pamikir jeung yuris muslim satungtung abad pertengahan.

Manifestasi Pamungkas
Sakumaha pituduh pikeun manusa, al-Qur'an nyadiakeun hiji dadasar anu kuat jeung teu bisa dirobah pikeun sakabeh prinsip-prinsip etik jeung moral anu perelu dina ieu kahirupan. Nurutkeun Muhammad Asad, al-Qur'an mere jawaban komprehensif pikeun pasualan tingkah laku anu hade pikeun manusa boh sacara individu atawa sabage anggota masarakat enggoning nyiptakeun kahirupan anu saimbang di dunya kalayan tujuan akhir kabagjaan di akherat. Al-Qur'an ngajarkeun yen kahirupan anu hade di dunya mangrupa prasarat pikeun kabagjaan hirup pikahareupeun. "Singsaha anu teu nenjo jalan di dunya bakal kitu engke di akhir, malahan bakal leuwih sasab lumampahna (XVII:72)." Pikeun mukmin, al-Qur'an mangrupa manifestasi pamungkas ti rahmat Allah keur manusa, di sagigireun jadi prinsip kawijaksanaan anu panungtungan.

Saterusna al-Qur'an ngatur kahirupan manusa sagemblengna, unggal bagian tina kahirupan salawasna diatur kalawan pituduh jeung parentah etik jeung moral anu sumberna tina wahyu. Memang sawadina al-Qur'an ngajarkeun konsep kasatuan kahirupan anu padu tur logis.

Ku lantaran panulis ngan rek ngajentrekeun sangkan anu maca paham kana parentah-parentah dasar moral pikeun cita-cita politik Islam nu bisa dicokot tina al-Qur'an nu geus diterjemahkeun sacara nyata ku Nabi katut para sahabatna, aspek-aspek sejen kahirupan manusa kayaning widang ekonomi, sosial jeung kultural, sanajan aya pakaitna sacara organik jeung ajaran-ajaran al-Qur'an moal dibahas di dieu.

Sangkan analisis urang bisa hade, perlu pisan lamun nyawang asal-usul jeung wangenan ngeunaan istilah “politik” jeung “nagara” dina pamakeanana kiwari. Nagara minangka hiji masarakat politik geus lila pisan katangen dina sajarah manusa. Kecap “politik” asalna tina basa Yunani “polis” anu hartina kota. Dina mangsa moderen, istilah politik ngandung harti “seni atawa elmu ngeunaan pamarentahan, hiji elmu anu aya patula-patalina jeung prinsip ngatur jeung ngawas rahayat nu aya dina hirup kumbuh”. Sedengkeun istilah "state" anu hartina nagara, asalna tina basa Latin “status” (stato dina basa Itali, etat dina basa Perancis jeung state dina basa Inggris).

Dina Webster's Dictionary kaungel yen nagara nyaeta “sakumpulan jalma nu nyicingan hiji wewengkon sarta dipingpin ku pamarentah anu bebas ti pangaruh luar sarta boga kakawasaan pikeun maksa demi mertahankeun masarakat anu teratur.” Wangenan sejen nyebutkeun yen nagara teh hiji komunitas politik kalawan otoritas luhur nu nangtukeun sarta ngawasa aparat pikeun maksakeun kahayangna.”

Pendekna nurutkeun Ziya Gokalp “nagara teh hiji otoritas publik nu boga kakawasaan keur maksakeun aturan-aturan hukum pikeun individu-individu anu kasalametanana aya dina panangtayunganana”. Jadi tujuan ngadegkeun nagara nya eta keur miara jeung maksakeun hukum jeung katartiban di masarakat.

Pamadegan Marxis
Sedengkeun tina pamadegan Marxis sakumaha anu dirumuskeun ku Lenin, sabalikna nyebutkeun yen “Nagara teh buah jeung manifestasi tina antagonisme kelas anu henteu bisa damey”. Tokoh pendiri Rusia moderen ieu saterusna nyebutkeun yen “Nurutkeun Karl Marx, nagara mangrupa organ pangawasaan kelas, hiji organ geusan meres ti hiji kelas ka kelas sejen; tujuanana nya eta nyiptakeun ‘katartiban’ anu dianggap bener sacara hukum sarta tetep lumangsungna meres kalawan nyiptakeun pertentangan antar kelas”. Ieu teori ngaleungitkeun nagara borjuis jeung kapitalis anu meres kelas proletar.

Nyiptakeun nagara disawang tina jihad muslim bakal kagambarkeun yen tujuan nagara Islam taya lian pikeun miara kaamanan jeung integritas, ngajaga hukum jeung katartiban, sarta pikeun majukeun nagari nepi ka unggal individu bisa nembongkeun potensina, bari mere sumbangan pikeun kasajahteraan. Beda jeung pandangan Marxis, di nagara Islam mah teori antagonisme kelas, dominasi kelas, jeung teori ngeunaan eksploitasi hiji kelompok ku kelompok sejen teh henteu aya lantaran bakal ngancurkeun prinsip-prinsip jeung parentah-parentah moral al-Qur'an ngeunaan tata-tartib sosial dinamis anu etis. Sagala wujud eksploitasi jeung dominasi, tina jihad al-Qur'an, lain wae henteu bisa dianggap bener sacara etis, leuwihna ti eta kudu dikutuk kalawan keras sarta diancurkeun sacara radikal, sabab hal eta lalawanan jeung prinsip mulya manusa.

Muhammad Lain Panguasa
Risalah al-Qur'an sakumaha geus kasebut samemehna nya eta pikeun mere pituduh ka manusa. Manusa lain wae minangka mahluk sosial, tapi sacara alamiah minangka mahluk politik, sakumaha geus dicaritakeun ku Aristoteles. Kusab kitu sangkan urang boga pamahaman anu cukup ngeunaan kumaha pituduh al-Qur'an dilaksanakeun dina kanyataan sajarah, sawadina nitenan kalawan gemet karir sajarah Nabi Muhammad boh dina mangsa Makkah (610-622 M), kitu deui mangsa Madinah (622-632 M). Tina al-Qur'an urang bisa nengetan yen periode ahir ngan mangrupa terusan jeung pamekaran tina periode awal. Lamun katangen aya perbedaan, utamana tina kanyataan yen Nabi henteu kagungan kakawasaan politik pikeun nyokong misi kanabianana dina mangsa Makkah, sawatara di Madinah anjeunna minangka “kapala politik-agama” saeutik oge henteu kungsi ngumumkeun sabage panguasa. Posisi Nabi nu sabenerna sakumaha nu kaungel dina al-Qur'an nyaeta : “Sabenerna Allah parantos maparin karunia ka jalma mukmin ku jalan ngangkat diantara maranehna hiji Rasul anu macakeun ayat-ayat-Na ka maranehna, nyucikeun maranehna, sarta mere pangajaran ngeunaan Kitab Suci jeung kawijakan, sedengkeun samemehna maranehna aya dina kapoekan anu nyata (III:164).” Posisina minangka Rasul Allah henteu robah dugi ka pupusna taun 632 M. “Muhammad ngan saukur Rasul,” nurutkeun al-Qur'an (surah Ali Imran: 144).

Naon anu disebutkeun di luhur sugan mere gambaran saeutik ngeunaan hubungan anu sabenerna antara kanabian Muhammad jeung masalah politik. Beda jeung kalungguhan Nabi Daud anu dina waktu sarua boga fungsi sabage raja, sedengkeun Nabi Muhammad sakumaha anu disebut dihareup henteu kungsi ngaku sabage panguasa komo deui jadi raja. Dina hubungan ieu, pamadegan Ibn Taimiyah bisa leuwih ngajentrekeun masalah kalungguhan Nabi Muhammad dina hubunganana jeung kakawasaan. Sanggeus mere komentar ngeunaan ayat al-Qur'an anu hartina: "Sabenerna Kami geus ngutus Rasul-Rasul anu dibarengan ku wahyu, Kitab jeung tinimbangan, sangkan manusa milampah kaadilan, sarta Kami turunkeun beusi, anu kuat tur hebat sarta mangpaatna pikeun manusa, jeung sangkan Allah uninga saha anu nulung-Na jeung (nulung) Rasulna, anu ghaib (ti maranehna) (LVII:25),” Ibn Taimiyah negeskeun yen agama anu bener wajib boga buku pituduh jeung pedang.

Palebah dieu Ibn Taimiyah nekenkeun yen kakawasaan politik anu make simbol pedang mangrupa hiji hal anu esensial tur mutlak pikeun agama, tapi kakawasaan mah lain agama. Dina harti sejen politik atawa nagara ngan sakadar alat pikeun agama, lain ekstensi ti agama. Karir Nabi nguatkeun ieu tesis. Ku kituna pernyataan umum nu sok kadenge yen Islam teh agama jeung nagara geus nyimpang tina hakekat sabenerna posisi kanabian Muhammad. Malahan istilah daulah nu hartina Islam teh dien (Agama) jeung daulah (staat= nagara) henteu kaungel dina al-Qur'an. Istilah daulah (al-Qur'an LIX:7) memang aya, tapi henteu ngandung makna nagara, ieu istilah dipake sacara figuratif keur ngalukiskeun bagilirna kakayaan.

Sairing jeung waktu, ieu makna harfiah geus robah jadi nerangkeun kakawasaan politik, lantaran kakawasaan salawasna pindah-pindah. Lamun ngan sakadar wangenan jigana pamahaman Muhammad Abduh ngeunaan Islam leuwih deukeut ka al-Qur'an waktu manehna nyebutkeun yen Islam nyaeta agama jeung hukum syari'ah, asal ieu hukum salawasna bisa dititenan, diomean, jrrd, di handapeun panangtayungan ajaran etik al-Qur'an. Panalungtikan jeung ngarumuskeun deui sacara kritis mutlak diperlukeun lantaran leuwih ti 95 persen eusi syari'ah mangrupa hasil rumusan manusiawi ngaliwatan ijtihad alatan nyumponan pameredih zaman. Atawa nurutkeun panitenan Iqbal: ... the entire fabric of Islamic law...is really judge-made law, so that the lawyer performs the lagislative function in the muslim constitution. (...sakabeh pabrik hukum Islam ... sabenerna mah yurisprudensi, kukituna ahli hukum ngalaksanakeun fungsi legislatif dina konstitusi Islam).

Al-Quran Pituduh nu Etis
Diskusi di luhur geus netelakeun yen dina Islam, nagara teh taya lian ti hiji alat anu diperlukeun ku agama. Tapi nurutkeun teori-teori politik klasik atawa moderen, konsep nagara mangrupa inti filsafat politik Islam. Ana kitu, kunaon al-Qur'an henteu ngabahas ngeunaan pasualan anu penting kieu? Misilna, urang moal manggihan konsep ngeunaan nagara boh diwincik atawa henteu dina al-Qur'an. Cek pamikiran sejen, al-Qur'an henteu mere gambaran pasti ngeunaan pola kanagaraan anu bakal jadi panutan umat. Ieu alesan henteu hese diteangan. Kahiji, al-Qur'an dina prinsipna jadi pituduh etik pikeun manusa, lain kitab elmu politik. Kadua, geus jadi kanyataan yen institusi-institusi sosio-politik jeung organisasi manusa mindeng robah ti waktu ka waktu. Atawa mun cek basa sejen mah cicingna al-Qur'an dina ieu masalah hartina mere jaminan anu esensial jeung ngahaja pikeun nembongkeun kakakuanana hukum dan sosial. Tujuan utamana sangkan ajen-inajen jeung parentah etisna tetep dijungjung sarta ngabeungkeut kagiatan sosio-politik umat. Ajen-inajen ieu aya pakaitna sacara organik jeung prinsip kaadilan, persamaan, jeung kamerdikaan anu nempatan posisi sentral dina ajaran moral al-Qur'an. Tina ieu perspektif, hiji nagara bisa disebut mibanda corak Islam lamun kaadilan jeung anu sejen-sejenna bener-bener kawujudkeun dina kahirupan rahayat.

Pikeun nanjeurkeun kaadilan jeung miara perdameyan jeung katartiban, Islam merlukeun organisasi politik. Tapi ieu organisasi lain ekstensi ti Islam. Tapi mangrupa mesin kakawasaan anu efektif ku lantaran kitu perlu pisan jeung teu meunang henteu. “Lamun al-Qur'an ngan nyaritakeun ngeunaan puasa dina hiji segmen,” Rahman nyimpulkeun, “ampir sapertiluna tina eusi al-Qur'an diabdikeun pikeun bangunan hiji mesin kakawasaan geusan nangtayungan kapentingan jeung teritorial ummat Islam...” Sedengkeun prosedur jeung metoda pengorganisasian kakawasaan jeung gunana sacara efektif wijak tur wajar, al-Qur'an nawarkeun prinsip syura anu hanjakal pisan henteu mekar kalawan pinuh harti dina sajarah Islam sanggeus satengah abad kahiji, ku alatan saingan dinasti jeung mumusuhan diantara panguasa, raja jeung para sultan di daerah kakawasan Islam.

Prinsip kaadilan sarta hubunganana jeung gagasan umum ngeunaan ngawangun dunya tur nyegah korupsi diparentahkeun kalawan tegas dina al-Qur'an. Ieu prinsip perlu dijentrekeun kalawan eces. Ngalaksanakeun jeung miara kaadilan di dunya mangrupa prasarat pikeun kabagjaan manusa. Ku kituna gagasan ngeunaan kaadilan kuat pisan dina al-Qur'an, sarta panitenan ieu Kitab Suci ka manusa jeung masarakat jero pisan. Panulis-panulis moderen boh muslim atawa non-muslim sadar kana ieu pasualan.

“Kaadilan aya sumberna jeung dibenerkeun dina parentah Pangeran,” cek Erwin I.J. Rosenthal. Mahmoud Syaltout negeskeun yen kaadilan mangrupa bagian anu penting pisan dina sistem anu orientasina ka Pangeran. “Kaadilan nyaeta sistem Pangeran jeung syari'ahna.” Kusab kitu pikeun ngawujudkeun sarta ngalaksanakeun cita-cita kaadilan di dunya, Allah geus ngutus para Rasul-Na ka umat manusa.


Diserat Ku: Hj.Imas Kurniasih, M.Ag-MG

Karakteristik Dakwah Qur'ani Rating: 4.5 Diposkan Oleh: Andi AF Studio

0 komentar: