Muhammad Pendidik Ideal

Pola pendidikan Islam fase Makkah

Profil Rasulullah
Panalungtikan ngeunaan Rasulullah minangka pendidik ideal jadi bahasan anu penting pikeun diaji. Hal eta dumasar posisi pendidik dina seuseuhanana aya di barisan panghareupna. Tanpa eksistensi pendidik, proses pendidikan henteu boga harti nanaon. Pikeun ngawujudkeun pendidik profesional dumasar ruh Islam, urang kudu nyawang kahirupan atawa profil Rasulullah minangka pendidik ideal, lantaran hakekat diutusna Rasulullah ka ieu dunya minangka uswat al-hasanat jeung rahmatii-alamin. Sakabeh sunnah Rasulullah jadi pituduh utama sanggeus Al-Qur'an pikeun mangrupa-rupa aspek kahirupan manusa utamana aspek pendidikan. 


Kahananana minangka pendidik mangrupa sumber konsep pendidikan anu bebeneranana geus meunang rekomendasi ti Allah SWT. Rasulullah SAW minangka pendidik Islam anu munggaran jeung pangutamana. Proses transformasi elmu pangaweruh, internalisasi ajen-inajen spiritualisme jeung bingbingan emosional anu dipilampahna bisa disebutkeun minangka mukjizat anu luar biasa, sarta manusa saha bae moal bisa ngalakukeun hal anu sarua. 

Hasil pendidikan Islam dina zaman Rasulullah kaciri tina kamampuh mu¬rid-muridna (para sahabat) anu luar biasa. Misilna: Umar ibn Khattab ahli hukum dan pamarentahan, Abu Hurairah ahli hadis, Salman al-Farisi ahli studi banding agama (Majusi, Yahudi, Nasrani, jeung Islam), atuh Ali Ibn Abi Thalib ahli hukum jeung tafsir AI-Quran. Sarta murid ti para sa¬habat Rasulullah nya eta para tabiin, rea anu jadi ahli dina rupa-rupa widang ilmu pangaweruh kayaning sain, teknologi, astronomi, filsafat, anu nganteurkeun Islam ka zaman kaemasan ¬utamana dina awal kakawasaan dinasti Abbasiyyah. 

Gambaran sarta pola pendidikan Islam zaman Rasulullah SAW boh mangsa Makkah jeung Madinah mangrupa sajarah baheula anu perlu diungkab deui, pikeun bahan studi banding, sumber gagasan, gambaran strategi anu nyukseskeun proses pendidikan Islam. Pola pendidikan zaman Rasullah SAW, henteu bisa leupas tina metode, evaluasi, materi, kurikulum, pendidik, peserta didik, lembaga, dasar, tujuan jeung lian-lianna deui anu aya patalina jeung proses pendidikan Islam, boh sacara teoretis atawa praktis. 

Kondisi Politik Sosiokultural Awal Islam
Ceuk Ahmad M. Saefuddin, "Sangkan urang nyaho misi Muham¬mad SAW minangka pendidik sarta rahmatal lil alamin, kudu nitenan sajarah ngeunaan kaayaan masarakat samemeh Nabi Muhammad dibabarkeun, nepi ka bakal jentre wujud anu sabenerna tina eta rahmat teh. Ku kituna urang perlu ngungkab sajarah dumasar sumber Al Quran jeung tafsirna, sarta sawatara katerangan tina hadis, para sahabat, kitab-kitab, jeung buku-buku anu disusun ku para ahli sajarah.” (Taha al-lsmail, Tarikh Muhammad Teladan Perilaku Umat, Jakarta: PT Raja Grafindo Persada, 1996).

Gambaran dunya politik samemeh pertengahan abad ka-6 Masehi, jadi bukti yen dunya aya dina kaayaan poek tur parna ku rupa-rupa takhayul anu ngaruksak kahirupan spiritual manusa. Kasarakahan jeung tirani geus ngaruksak kasejahteraan moral, panindesan geus ngalumpuhkeun mayoritas penduduk. Bangsa-bangsa anu baheula kungsi merdeka jeung produktif ku peradaban-peradaban kuno di dunya, saperti: Siria, Tunisia, jeung Mesir kiwari teu bisa menyat deui dina kakawasaan ajag Romawi. Sawatara kitu peradaban Babylonia anu ancur lantaran dominasi Persia anu sarua tirani, ngan diidinan hirup sacara marginal (pas-pasan), sedengkeun sakabeh kakayaan nagri, taneuh subur antara dua walungan (Eufrat jeung Tigris) disedot pikeun ngeusian perbendaharaan para kaisar Persia katut anak buahna. Di lingkungan imperium Romawi, kaom elite anu ngabogaan budak anu rea sarta harta banda anu ngaleuya bari jeung bebas tina pajak. Sedengkeun kaom pribumi kudu mayar pajak bari dibere kawajiban anu kaleuleuwihi boh sacara fisik atawa finansil.
Sawatara kitu, kondisi sosiokultural saditinggalkeunana ku Nabi Isa, ajaran agama Allah anu disyiarkeunana beuki lila beuki luntur sarta cahayana beuki surem. Manusa lambat laun ngajauhan jeung nyimpang tina ajaran agama anu bener, dibawa ku hawa nafsuna kana jurang kahinaan tur kanistaan. Kamanusaan arahna mengkol kana sipat sato galak, anu kuat nindes anu lemah, anu beunghar meres nu miskin, panguasa nyiksa bawahanana, balukarna sistem kakulawargaan robah jadi mumusuhan, persatuan jadi perpecahan, rasa asih robah jadi bengis, ngawula ka Allah jadi ngawula ka sasama manusa, berhala, seuneu, sato, kai jeung batu. Hal ieu kaalaman ku masarakat ahli kitab (Yahudi jeung Nasrani) jeung masarakat musrik. Tah kitu gambaran dunya lima ratus taun sanggeus kalahiran Nabi Isa boh anu kajadian di Eropa, Afrika, Persia jeung Asia. Leuwih-leuwih anu kajadian di Arab dina zaman jahiliah, hiji pajamanan anu poek-mongkleng lantaran katutupan ku kabodoan jeung kaprimitifan. 

Mun jiwa ujug-ujug bae mikahayang nyeuseup kabagjaan dunya atawa milampah sabagian tradisi anu lain pujieun, pitulung ti Allah bakal datang pikeun ngawatesanan antara diri anjeunna sareng kasenangan tea. Sabda Rasulullah SAW anu diriwayatkeun ku Ibnu Atsir, “Henteu kapikir ku kuring hiji kahayang pikeun nurutan kabiasaan anu sok dipigawe ku kaom jahiliyah iwal ti dua kali. Tapi geus kitu Allah ngahalangan antara diri kuring jeung eta kahayang. Tah sanggeus kitu mah kuring teu boga kahayang saeutik oge dugi ka Allah maparin kamulyaan dina risalah-Na. Hiji peuting kuring nyarita ka hiji pamuda nu bareng ngangon domba di tegalan di Makkah, “Kuring nyuhunkeun tulung pangawaskeun domba, lantaran rek indit ka Makkah geusan ruang-riung jeung para pamuda di ditu,” “Mangga”, tembalna. Nya kuring indit. Di gigireun imah nu pangheulana kaliwatan kadenge sora genjring ditabeuh. ”Aya naon ieu teh ?” kuring nanya. Jawabna, ”Pesta pernikahanana Fulan ka Fulanah.” Kuring milu diuk bari nongton anu keur jaroged. Tapi aneh, Allah nutupan ceuli kuring nepi ka harita keneh kuring sare, sarta kakara hudang isukna pabeubeurang sanggeus karasa panasna panonpoe. Kuring balik deui ka tegalan nemonan babaturan angon, manehna nanyakeun naon anu kaalaman ku kuring. Kuring nyaritakeun lalampahan sapeuting eta. Peuting saterusna kajadian anu sarua kaalaman ku kuring, nya ti harita kuring teu hayang deui milampah hal-hal anu goreng.” (kasohehan ieu hadits dijadikeun debat. Al-Hakim nganggap soheh, sedengkeun Ibn Katsir nganggap doif).
Allah Mahabijaksana. Pikeun calon panutan ummat, Muhammad bin Abdullah ti anggalna keneh geus disiapkeun kalawan dijaga tina sikep-sikep jahiliah. Lantaran ahlakna anu pantes dipuji, pinuh ku ajen-ajen humanisme jeung spiritualisme, di tengah-tengah ummat anu geus teu boga rasa kamanusaan, Muhammad bin Abdullah masih bisa meunang gelar penghargaan anu luhur, nyaeta al-Amiin.
Muhammad bin Abdullah teguh mertahankan tradisi Nabi Ibrahim, ulet dina neangan bebeneran anu hakiki, ngajauhkeun “din” tina raramean jeung sikep hedonisme ku jalan kontemplasi (nyorangan) di guha Hiro. 

Wahyu anu Munggaran
Taun 610 M tanggal 17 Ramadhan turun wahyu munggaran surat al-'Alaq ayat 1-5, anu jadi awal pendidikan Islam di Mekkah. “Baca! Kalawan nyebut asma Pangeran anu geus nyiptakeun. Anjeunna geus nyiptakeun manusa tina sakumpulan getih. Pek baca, jeung Pangeran Nu Maha Murah anu mere pangajaran ka manusa make tulisan, mere pangajaran ka manusa ngeunaan naon-naon anu henteu dipikayaho samemehna”
Turunna wahyu anu munggaran teh hiji tanda yen Muhammad geus resmi jadi Rasul anu mawa risalah-risalah Ilahi anu bakal mawa manusa kana jalan kapinteran jeung kasampurnaan. Muhammad SAW geus ngabongkar kabiadaban jeung kajahiliahan ka masarakat anu mibanda kamanusaan jeung peradaban.

Catetan: Hj.Imas Kurniasih, M.Ag-MG

0 Waleran:

Sapuluh Seratan nu Pangpajengna Diaos