Sabar Kana Panyangka

Sok sanajan ieu mah ukur ngabejaan bulu tuur, atuh sugan ari dimimitian ku paniatan ati nu wungkul pikeun ngahontal ka ridhoan ti Allah, nya meuereun pamohalan sagemblengna pagawean kudu ambuh-ambuh teu paruguh mah. Cindekna, kuring yakin yen unggal tarekah anu dilakonan bari luyu dina papagon Islam tinangtu kaasup ibadah ka Allah. Kumaha kitu?
Tah kuring teh boga hiji dongeng enteng, ngan lain lalakon saenyana da ieu mah ukur saur anu saeutikna boga kahayang sugan ditungtungan ku ngajadi bukur.
Kieu dongengna mah, basa poe Ahad isuk-isuk meujeuhna recet manuk piit Mang Jajang keur huleng jentul di tepas hareupeun imahna, teu kahaja nempo Mang Kasma keur diuk nyorangan dina jojodog leutik hareupeun imahna. Ceuk gerentes hate Mang Jajang, “enya ah!, kuring teh acan ngabageakeun ka Mang Kasma anu karek pindah ti lemburna saminggu ka tukang, da basa pindah pan kuring mah harita keur di Bandung.” 
Singgetna, Mang Jajang teu leleda deui tuluy nyampeurkeun ka Mang Kasma. Ngan basa disampeuerkeun teh geuning Mang Kasma kalah ngabalieur bari nyiduh ka tukangeun jojodog bari beunguet semu beureum euceuy bangun horeameun narima jalma anu rek ngajang ka manehna. Keur kitu acan oge deukeut ujug-ujug Mang Kasma leos asup ka imahna, teuing teu nempo yen aya jelema anu ngajuringkang ngadeukeutan manehna, atawa kumaha ?
Bari hate Mang Jajang saeutikna rada sabil, “naha ieu teh teruskeun atawa engke deui. Lah da niatna oge hade naha make eleh deet.Nya teruskeun waelah bisi eta mah balukar tina hate anu goreng”. Nya antukna mah Mang Jajang nuluykeun paniatanna. Bari sopan nakeran polah Mang Jajang, salian ti uluk salam dipasieup ku basa pupuntenan ku sora anu halimpu. 
Ngan sabalikna polah Mang Kasma mah beda pisan tina kahayang Mang Jajang, eta da ukur nembal “wa’alakum salam, …” Da kaanjangan Mang Jajang teh sugan darehdeh seuri di wuwuh ku basa anu someah, eh satuluyna mah ngan ngabetem mere isyarat ku lengen katuhuna nuduhkeun kana korsi bari satuluyna mah nyenyekel carecet diantelkeun kana biwir inyana.
Ku kitu polah mah atuh jadi ngorocomang hate Mang Jajang teh “Wah, ari kieu mah kuring era oge bingung pipetaeun, hanas meuni someah naker rek ngabageakeun tatangga, ari nu dianjangana embung loba omong komo ngawangkong mah meuereum ”, Keur kitu, Mang Kasma ujug-ujug croh nyiduh saperti di luar samemeh asup imahna, ngan ayeuna mah kana carecetna bari beungeut beureum. Geus kitu mah, atuh Mang Jajang tuluy hayang balik bari rada teu parararuguh oge pamitan, “Mang punten abdi moal lami, bade wangsul deui, mangga assalamu’alaikum ..”
“Wa’alaikum salam, saena mah engke deui. Hunten habdi teu hahaos, ieu hanas halam haeng heri hunhu”. Kituna na teh Mang Kasma bari rembay cimata.
Untung pisan Mang Jajang sanajan era jeung leutikna aya sangka goreng, ngan kasabaran tetep renggenek bisa keneh nyaangan. Sing horeng paingan kitu lampah Mang Kasma teh geuning pedah bararusuh dina biwirna balukar panyakit panas dalam jeung nyeri huntu anu kacida parnana na tur awakna rada ngaheab panas. Jadi lain gede hulu atawa ogo pedah anyar pindah. Nu enya mah sakitu mah kaasup someah Mang Kasma teh, sabab cacak-cacak keur gering oge angger hayang ngahormatan Mang Jajang. Pangna ngabalieur oge pan bisi Jalma nu nempo geuleuheun. 

Allah SWT ngadawuh:
Hartosna: “Yeuh jalma-jalma anu ariman! Geura singkahan kalolobaanna sangka, lantaran saestuna sabagian ti antara sangkaan teh dosa….“ (QS. Al Hujurat : 12)
Hartosna: “Yeuh jalma anu ariman, geura salabar jeung sing saenyana pisan saaobarar sarta masing jaraga eta kasabaran, jeung geura taraqwa ka Allah SWT, muga-muga aranjen kasup jalma anu meunang kauntungan. ( QS. Ali Imron : 200). 

Catetan: Drs. M. Sya’roni, M. Ag

1 Waleran:

  • roniyadi baban says:
    7 Maret 2016 07.53

    assalamualaikum, hapunten kang bade ngiring nge shareken sareng ngiring COPAS upami di widianmah upami teu upami teu ku abi bade di hpus deui hatur nuhun kang

Sapuluh Seratan nu Pangpajengna Diaos