Dua Kitab Karatuan ti Sunda Ngalahirkeun Pamingpin Nusantara

HENTEU kabéh nyaho, kaasup sabagéan gedé kalangan sejarahwan, yén di tanah Sunda kungsi lahir kitab-kitab istiméwa anu ngalantarankeun raja-raja Jawa Dwipa nyongcolang jeung kakoncara sa Asia Tenggara. Salah sahijina nyaéta Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu, kitab anu eusina taktik tempur kamilitéran.

RADÉN SANJAYA téh raja munggaran anu sanggup ngahijikeun Nusantara. Inyana ngabogaan stratégi perang jeung tata-nagara. Nampa jujuluk Sang Taraju Jawa Dwipa anu kumawasa di tilu karajaan badag di Pulo Jawa jeung kakoncara di Asia Tenggara.  Jaman harita, saban raja kudu boga pasaratan. Boga kaséhatan jasmani jeung rohani anu dieuyeuban ku kamampuh nu sipatna “tuhu” (kuat dina kasatiaan), “tuah” ( kuat lahir batin) jeung  “tulah” (kuat atawa sanggup dina ngahukum deungeun). Raden Sanjaya, Radén Wijaya jeung Prabu Siliwangi boga éta tilu kakuatan, sabab ditunjang ku pangabisa dina ngajalankeun élmu anu aya dina Kitab Karatuan, nyaéta Kitab Sanghyang Sasanakerta jeung Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu.

Radén Sanjaya ngawasa eusi dua Kitab ajaran. Kahiji ajaran ngeunaan cara-cara ngasejahterakeun nagara, manusa jeung dunya. Ieu ajaran aya dina  Kitab Sanghyang Sasanakerta. Kadua, ngeunaan Kapamingpinan jeung élmu perang “Yuddhenipuna mwah Baladhika ning Wadyabala”, atawa di Karajaan Sunda leuwih kajojo ku ngaran Pustaka Ratuning Bala Sariwu. Éta dua Kitab téh sumberna hiji, nyaéta nyokot tina Kitab Sanghyang Watangageung, hasil cipta karya Resiguru Kendan ti Karajaan Tarumanagara, ladang diparéntah ku Raja Tarumanagara ke 10, nyaéta Suryawarman anu kajojo sabdana nu unina: “…ini sabda kalandara rakyan juru pangambat i kawihaji panyca pasagi marsa ndesha barpulihkan haji sunda.”

Saterusna, tina hasil nyutat éta kitab, lahir  Kitab Sanghyang Sasanakerta hasil cipta karya Raja Kendan ka-6 nyaéta Kandiawan Déwaraja nu saterusna  diwariskeun ka Wretikandayun pendiri jeung Raja Karajaan Galuh. Ari Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu hasil cipta karya Raja Tarumanagara ke 11, nyaéta Prabu Suraliman,  diwariskeun ka Prabu Linggawarman, saterusna ka Prabu Tarusbawa pendiri jeung raja munggaran Karajaan Sunda taun 669 Maséhi.

Radén Sanjaya téh turunan  Wretikandayun, ti Mandiminyak. Bapana,  katelahna Bratasenawa jadi Putra Mahkota Galuh, dibekelan élmu pangaweruh anu sumberna tina Kitab Sanghyang Sasanakerta bogana Wretikandayun, anu sacara turun-tumurun diwariskeun.

Radén Sanjaya jadi Raja Sunda ku sabab pernikahanna jeung incu sakaligus anak pulung Prabu Tarusbawa nyaéta Putri Téja Kancana. Radén Sanjaya dibekelan Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu, nu harita éta Kitab dititipkeun ka Resiguru Rabuyut Sawal di Gunung Sawal Ciamis.  Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu diwariskeun minangka pangrojong Tarusbawa ka Radén Sanjaya ku sabab teu bisa mantuan niat Radén Sanjaya, anu hayang merangan Purbasora, nu harita ngarajaan Galuh. Harita Radén Sanjaya hayang males pati alatan nu jadi bapana, nyaéta Bratasenawa kakawasaanana direbut ku Purbasora.. Ari Tarusbawa pan harita keur meumeujeuhna nyobat jeung Wretikandayun, malah nyieun perjangjian moal eudeuk ngayakeun peperangan antara Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh. Malah kapan jauh saméméhna nikahkeun Radén Sanjaya jeung Téja Kancana gé pikeun ngaraketkeun tatali wargi antara Sunda jeung Galuh. Kitu sababna,  Radén Sanjaya diwaris jeung diwarah sina metu ngagunakeun ajaran-ajaran nu aya dina Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu, nu harita dititipkeun ka Resiguru Rabuyut Sawal di Gunung Sawal, (ku masarakat mumunggang Gunung Sawal mah, ieu resi téh disebutna  Resi Séda Sakti atawa Séda Suci). Radén Sanjaya ditugaskeun ku Tarusbawa mraktekeun élmu  Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu dina numpas kaum karaman (rampog) di wilayah  Karajaan Sunda, tur hasil alukkeun karaman. Ngan saterusna, sanggeus paham pisan dina ngagunakeun taktik tempur Ratuning Bala Sariwu, saterusna Radén Sanjaya gé ngagempur Karajaan Galuh, ngaliwatan titik panginditan ti Gunung Sawal, atawa kurang-leuwih  7 km ka tebéh wétan nujul ka Karajaan Galuh Karangkamulyaan.

Prabu Tarusbawa jadi raja di Karajaan Sunda, leuwih lila dibandingkeun jeung Wretikandayun, sabab ajegna Sunda jeung Galuh téh waktuna bareng. Bédana, umur Tarusbawa waktu dibenum raja di Sunda téh masih ngora kénéh pisan. Ari Wretikandayun  mah basa jadi raja di Galuh téh umurna geus 74 taun.  Tarusbawa bisa jadi saksi sagala rupa kajadian penting nu kaalaman ku Karajaan Galuh sanggeus Wretikandayun tilar. Ngan baé ari sawaktu Radén Sanjaya jadi raja di Karajaan Galuh mah, Tarusbawa teu nyaksian da baasa Radén Sanjaya keur tatahar eudeuk ngajorag Galuh gé, Tarusbawa mah kaburu tilar deuih. Ti satilarna Tarusbawa, Radén Sanjaya dibenum jadi Raja di Karajaan Sunda. Sawaktu ngajorag Galuh. Sanjaya ngarasa lébér wawanén sabab ngarasa geus boga taktik tempur anu hébat nu taya babandinganana, nyaéta ladang nyuprih tina Kitab Pustaka Ratunng Bala Sariwu. Raden Sanjaya ngajorag puseur dayeuh Karajaan Galuh di Karangkamulyan, dibantuan ku militér Karajaan Sunda anu tapis ngagunakeun rupa-rupa élmu tempur tina Kitab Ratuning Bala Sariwu. Purbasora katut sakumna balatentarana (nu padahal dibantuan ku Karajaan Indraprahasta ti Cirebon) binasa.. Henteu kapalang, Indraprahasta ogé sarua digempur.

“kaampuhan Pustaka Ratuning Bala Sariwu na yudhakala rebut kreta Galuh Pakuan na kadatwan wus dumadi ranasabha ingga purbasora pinenjahan dening Sanjaya yudhakala.” Maksudna, kaampuhan Kitab Pustaka Ratyuning Bala Sariwu geus sanggup meruhkeun Galuh katut ngabinasakeun Purbasora.

Ngarasa boga jangjang, saterusna Radén Sanjaya jadi sakama-kama. Saterusna, inyana mingpin pasukan piukeun ngagempur karajaan-karajaan leutik anu saméméhna kapanggih biluk ka Purbasora. Malah sababaraha karajaan anu aya di Jawa Tengah jeung Jawa Timur ogé sarua diperangan sangkan biluk ka manéhna.  Radén Sanjaya urang Sunda anu béda, sabab manéhna mah resep pisan ngayakeun peperangan. Malah merangan karajaan-karajaan nu aya di Asia Tenggara sagala rupa dina tarékah hayang ngalegaan kakawasaanana. Ku sabab mindeng unclang-anclong hayang nalukkeun nagara deungeun,  Radén Sanjaya nyérénkeun Karaton Galuh Karangkamulyan ka Premanadikusuma turunan Galuh,  dibarengan ku Tamperan turunan Sunda Pakuan. Maranéhna diaku salaku raja bawahan Radén Sanjaya. Ti taun 723 tepika 732 Maséhi Radén Sanjaya téh kumawasa di tilu karajaan. Karajaan Sunda, Karajaan Galuh jeung Karajaan Mataram Kalingga. Malah saterusna, Radén Sanjaya mah milih cicing di Mataram baé ( ti taun 754).

Karajaan Galuh disérénkeun ka Radén Manarah (Ciung Wanara) turunan murni Wretikandayun, ti aki Prabu Jantaka jeung bapana Premana Dikusumah. Radén Sanjaya gé nyérénkeun Karajaan Sunda ka Banga, turunan Tamperan, asli turunan Karajaan Sunda.keluarga keraton Sunda Pakuan.  Dina saterusna, ieu dua karajaan (Sunda jeung Galuh), diwariskeun ka Jayadéwata tur ka hareupna kakoncara salaku Sri Baduga Maharaja (Prabu Siliwangi), ngagabungkeun deui Sunda jeung Galuh jiga saméméhna tur ngajengléng jadi Pajajaran.

Sanggeus Radén Sanjaya bumén-bumén di bumi Mataram, Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu dan Kitab Sanghyang Sasanakerta teu jelas diwariskeun ka saha. Ngan ku urang bisa katiténan, karajaan-karajaan nu aya di Jawa Tengah jeung Jawa Timur tarapis pisan dina tata-cara ngagedékeun komara nagara, boh tatanagara boh kamilitéran. Boh raja Jawa Tegah boh raja-raja Jawa Timur, sanggup ngayakeun ekspansi militér ka pulo-pulo séjén di luar Jawadwipa. Saperti ka Nusa Tenggara Barat, (di ditu tug ka kiwari aya  Kota Mataram.) Kahadiran Wangsa Sanjaya, boga peranan penting tur satata gawé babarengan ngamajukeun Jawadwipa, bareng jeung  wangsa séjénna saperti jeung wangsa Wangsa Syailéndra jeung Wangsa Iswara, di Jawa Tengah jeung Jawa Timur. Radén Sanjaya téh Gurhyang Duta Laksana (Panembahan Patriot Sunda).

Dicutat tina: Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh

0 Waleran:

Sapuluh Seratan nu Pangpajengna Diaos