Cinta Ka Alloh A'zza Wajalla

Sagala puji mung Allah anu kagungan. Mung kanggo Anjeuna. Ka Anjeuna urang sadaya nyuhunkeun pitulung sareng ampunan. Ka anjeun-Na urang nyuhunkeun panyalindungan tina kajahatan diri, sareng kaawonan amal, sarta perilaku urang sadaya. Saha wae anu dipasihan pituduh ku Allah SWT, teu aya anu tiasa ngahalangan sareng saha wae anu disasarkeun ku anjeun-Na, teu aya anu tiasa ngalempengkeun.

Urang sadaya nyaksi ,teu aya Ilah kajabi Alloh anu Esa. Sareng urang sadaya nyaksi yen kanjeng Nabi Muhammad utusan Alloh, rasullulah. Mugi Alloh netepkeun salam sinareng rohmat, kaanjeunna, ka kaluarga, oge ka para sahabatna.

Cinta ka Alloh (mahabbah) ngarupakeun tahap pangluhurna tina ronjatan hontalan jiwa.Taya deui tahapan anu pangluhurna,salian mung buah- buah tina cinta anu disebat sapertos sono, betah sareng anjeun-Na, sarta ridha.Teu aya tahapan ronjatan sateuacanna mahabbah ka Alloh, kajabi mangrupi wiwitan, sapertos tobat, sabar atanapi zuhud sareng sajabina. Mahabbah anu pangwajibna kalayan mutlak mangfaat sarta nu pang-luhur tur utamana, nyaeta mahabbahna jalma nu hatena ngahiji (kapatri) ku rasa cinta kaanjeun-Na, sareng nu jiwana teu galideur, yen mung Alloh,nu wajib disembah, margi anu jenengan Alloh, nyaeta hiji hal, nu hate manusa condong ka anjeun-Na, sarta pinuh rasa cinta ,ngagungkeun ,tunduk jeung pasrah sacara total. Ibadah teu bisa disebut alus (shalih)kajabii mung ditujukeun kanggo anjeun-Na wungkul. Margi ibadah mangrupi kasampurnaan cinta, kalayan dibarengan ku kasampurnaan taat, sarta handap asor, depe-depe.

Alloh Ta’ala wajib dipicinta Dzat-Na. Sadaya kitab anu parantos dilungsurkeun ku Anjeunya, oge da’wah para rasul netelakeun wajibna mahabbah ka Alloh SWT. Fitrah Anjeuna diciptakeun manusa, akal anu dianugrahkeun sareng sagala nikmat nu dipaparinkeun, eta ciciren wajibna mahabbah ka Anjeuna. Sabab hate manusa tumuwuh hirup jeung tabiat cinta kanu maparin sagala rupi kanikmatan.Langkun-langkung kanggo Dzat anu ngaluareun sadaya kasaean, tur nyumpingkeun sagala ni’mat kasadaya mahluk.,teu aya anu nyamian,sakumaha firman-Na: Sagala ni’mat nu ditarima kuurang sadaya asalna ti Alloh,salajengna waktos ditibaan kamadharatan,mung kaanjeunNa urang panunuhun pitulung.(QS,an-Nahl,16:53)

Alloh SWT nyiptakeun urang sadaya supados ngabdi (taqwa) ka Anjeuna ,sareng Anjeuna nyiptakeun sagala nu aya di dunya sareng di akherat kanggo kapentingan urang.Kukituna urang wajib pisan micinta sagemblengna ka Maha Pencipta. Sadaya pameredih urang oge pamenta makhluk lianna,dicumponan. Anjeuna Dzat nu Maha --murah, Mahaberehan,ti sakabehan nu berehan, nu nimpahan mere, hamba-Na sateuacan dipenta,kalayan panglelerna tebih ngalangkungan wates kahayang sareng cita-citana, nu narima amal sanaos sacenge, salajengna Alloh nambihan sabingbilangan kasaean. Nu Mahapangampura dosa sanaos sabingbilangan budah laut. Nu mampuh ngadangukeun jutaan sora dadanguan sakaligus. Anjeuna tara kaliru ku lobana pamenta.

Anjeuna tara nampik jalma-jalma anu terus-terusan ngado’a tur neneda ,malihan Anjeuna cinta ka manehna, suka mun dipenta, bendu mun dijauhan. Anjeuna ngaraos isin upami teu nedunan do’a hambaNa, padahal Si-hamba teu ngarasa era ku Anjeuna. Anjeuna nutupan aib hamba-Na, padahal si hamba teu nutupan aibna sorangan. Anjeuna ngawurkeun rahmat ka sakabeh manusa,samentawis sihamba teu nyaah ka dirina sorangan. Disarengan ku sagala ni’mat, Anjeuna ngajak si hamba kana kamulyaan jeung karidha-Na, namung si hamba nolak. Kulantaran kitu Alloh ngutus rasul-rasul-Na ka hamba-hamba-Na .Anjeuna Mahamurah kalayan Maha Pengampun.Sakumaha pidawuh-Na: Saha bae anu barangpenta ka anjeunNa,maranehna baris ditedunan.Jeung saha bae anu menta ampun ka anjeunNa, tinangtos dihampura.(Qs. )

Ku jalaran kitu manusa sapantesna micinta ka Anjeuna nu mung Anjeuna hiji-hijina sumber kasaean, Anjeuna hiji-hijina nu nyubadanan do’a jeung sagala rupi kahayang,ngicalkeun sagala kasusah, ngahampura dosa-dosa sareng kalepatan. Mung Anjeuna hiji-hijina Alloh SWT. Nu murbeng alam.

Kukituna Anjeuna nu pangngagaduhan hak kanggo dipiemut, dipisyukur, diibadahan, sareng dipuji. Anjeuna Maha Pitulung, nu dipikabutuh lan diharepkeun. Nu pangmulyana. Mahagagah, Mahanyucukupan ka jalma anu taqwa ka Anjeuna. Maha Raja, teu aya balad kanggo Anjeuna. Nu MahaTunggal, Nu Mahalanggeng.Sakabeh anu aya bakal musnah iwal ti Anjeuna.Teu aya hiji oge anu lumaku, kajabi sareng widi-Na ..Anjeuna saksi anu pangcaketna, Panyalindungan Pangagungna, Mahanyumponan jangji, Mahaadil, Nyalametkeun jiwa, sarta nyabut nyawa tina emun-emunan ,nyatet sakabeh amal, nangtoskeun ajal. Sagala rusiah, kanggo anjeunNa mah ebreh taya hahalang, jelas, natrat, unggal anu gaib netra.

Unggal manusa ngangluh ka Anjeuna, sadaya raray tunduk -layu dipayunneuna-Na,leeh akal kanggo ngahontal hakekat-Na .Fitrah manusa sareng sadaya buktos, netelakeun yen taya hiji oge anu sarupi atawa sarimbag sareng Anjeuna. Ku cahaya-Na janten caang mabra-narawangan sadaya nu meredong, kitu deui saantero langit sareng bumi. Lantaran Anjeuna, sadaya makhluk jadi maslahat. AnjeunNa tara kulem . Anu ngalungsurkeun sareng naekeun naraca timbangan ,jeung ka Anjeuna amal-amal wengi dihadirkeun saacanna datang siang ,sakumaha anu disodorkeun ka Anjeuna –amal-amal siang, mapag malem.Hijab-Na nyaeta nur(cahaya) upami Anjeuna nyingkabkeun, bakal ngabeuleum sakabeh makhluk anu janten pancer paninggal-Na.

Mahabbah ka Alloh ‘Azza wa Jalla eta ciri hirupna qolbu, ngarupakeun karesep ruh ,taya puncak kani’matamn sarta kabagjaan uipami taya mahabbah ka Anjeuna.Upami hate kaicalan mahabbah ka Alloh, temahna kasangsaraan anu dirasakeun bakal langkung abot .Malah rusakna qolbu,langkung parna , tibatan reksakna raga anu dikantun ku nyawa. Eta babaran moal dihaminan salian ku jalma-jalma anu qolbuna sae(hirup),da anu qolbuna paeh(awon/teu dzikir) moal tiasa ngaraoskeun nanaon. (Cag).

H.Kamin Islami

0 Waleran:

Sapuluh Seratan nu Pangpajengna Diaos