Tugas atawa fungsi utama masjid nu kahiji nurutkeun hartos kecap,
nyaeta tempat sujud. Dina dinten kahiji hijrahna Nabi sumping ka Yatrib
anjeunna ngadegkeun masjid di kampung Qubah. Saparantosna eta masjid
rampung, anjeunna solat disarengan ku golongan Muhajirin sareng Anshor.
“Wasjud waktarib!” Geura sujud ka Pangeran jeung ibadah. (Q.S. Al
Alak: 19). Masjid teh tempat solat fardu jeung sunat, boh sacara
munfarid atawa berjamaah.
Sakali dina unggal 7 dinten masjid dianggo
pikeun solat Jumaah. Upami aya halangan (hujan, jste) dina hari raya
Islam (solat Idulfitri boh Iedul Adha) masjid oge dianggo pikeun solat.
Margi upami teu aya wagelan mah biasana solat Ied diayakeunana di
lapang anu lega, teu tebih ti masjid.
Dina
unggal wengi sasih Siam urang ngalakukeun solat taraweh. Masjid oge
mangrupa tempat husus pikeun ngadu’a, itikaf (itikaf = tumetep di jero
masjid sakedap atanapi lami kalawan niat ibadah). Masjid tempat muslimin
kumpul. Solat lima waktu sadinten sawengi ngajadikeun masjid tempat
kumpulna muslimin. Kitu deui solat Jumaah.
Nabi
sering nampi wahyu di jaman kurun Madinah sarta nerangkeun hukum-hukum
Islam di lebet masjid. Masjid oge jadi tempat pikeun ngumumkeun sawatara
hal penting anu aya hubunganana sareng kahirupan masarakat muslim. Suka
duka sareng kajadian nu langsung patali sareng kesatuan sosial di
sabudeureun masjid diumumkeun di dinya keneh.
Sajabi ti tugas pendidikan sareng penerangan, masjid oge jadi tempat
diajar pikeun umat nu palay ngulik addin. Rohangan suffa (ngagaduhan
hateup tapi bilikna muka) fungsina nya eta asrama nu diadegkeun di
kalereun masjid pikeun pamatuhan jalmi anu hayang diajar leuwih taliti
ngeunaan agama.
Waktos Nabi jumeneng keneh
sagala elmu pangaweruh ngeunaan addin, kalebet masalah hukum, tiasa
ditaroskeun atanapi disuhunkeun jalan kaluarna ka Rosul ku anjeun.
Harita teu acan dipibutuh kapustakaan Islam. Dina waktos perkembangan
Islam harita, fondamen addin masih tacan lengkep diturunkeun. Jadi
anjeunna teu acan tiasa nyusun kapustakaan ngeunaan dasar-dasar jeung
prinsip-prinsip Islam. Namung dina hakekatna Islam tos gaduh kapustakaan
mangrupi wahyu, ku turunna surah Al Alaq : “Baca ! Kalawan asma Alloh,
ku maneh, anu nyiptakeun sakumna. Anjeunna geus nyiptakeun manusa tina
sagebleg getih. Baca ! sarta Pangeran maraneh anu sifatna Maha Murah,
anu ngajarkeun ku tulisan. Ngajarkeun ka manusa naon-naon anu tacan
kanyahoan”.
Ayat di luhur ngandung dasar tempat
nincakna kapustakaan, nya eta maca jeung nulis. Margi tanpa nulis
sareng maca, buku tinangtos teu aya. Jalmi buta huruf teu ngagaduhan
kapustakaan. Jadina sareng ngarekahanana elmu nya dadasarna teh
kapustakaan.
Maca sareng nulis sabage unsur-unsur anu dikandung ku azas Islam
ngalahirkeun kapustakaan sabada Nabi pupus. Buku nu munggaran sareng
utama kangge landasan sadaya buku ngeunaan Islam nya eta Al Qur’an. Buku
nu kadua nya eta Hadis. Buku-buku nu sanesna mah ngan mibanda fungsi
pikeun nerangkeun, ngajentrekeun, ngabahas, mere tafsiran, mere ajen,
ngamekarkeun tina Qur’an jeung Hadis. Sabada Nabi pupus masalah
kahirupan henteu liren, masalah unggal waktu sok aya bae, Qur’an jeung
Hadis henteu ngawengku sadaya pasualan. Nya para ahli agama Islam nu
disebat kaom ulama, ngajawabna teh ku jalan “ijtihad”. Hasil ijtihad
sareng buku-buku ngeunaan addin, sacara teu langsung ngawujudkeun
kapustakaan nu predikatna Islam.
Kapustakaan
Islam mangrupa sumber pikeun pendidikan, pangajaran jeung penerangan. Ku
margi pendidikan, pangajaran sareng penerangan teh tempatna di lebet
masjid, nya di dinya disusunna kapustakaan. Salasahiji rohangan tiasa
disayagikeun kangge kamar perpustakaan. Pikeun sing saha bae nu palay
ngalegaan kauningana, nu palay ngajeroan atanapi halabhab kana elmu
pangaweruh kaislaman, masjid ngajawab ku rohangan perpustakaan.
Boh nu ngajar atanapi anu diajar di masjid entong kaganggu ku lantaran
kudu neangan nafkah sapopoena. Nu ngajarkeun addin henteu kagungan
tujuan pikeun kenging bayaran, nu diajar oge teu ngarencanakeun pikeun
meunang kauntungan material tina pangaweruhna. Supados nu ngajar sareng
diajar tiasa konsentrasi dina pancen sewang-sewangan, tanpa gangguan
kahirupan, masjid ngagaduhan barang-barang wakaf, anu hasilna diantarana
digunakeun keur guru anu maparin sareng murid anu narima pendidikan
(kiai sareng santri). Sabagian tina wakaf nu dibayarkeun di masjid
ngarupakeun oge sumber kauangan pikeun ngongkosan pangajaran sareng
pendidikan. Pamakean zakat pikeun ieu hal, lebet kana kualifikasi jalan
Alloh fi sabilillah. Di masjid ditempatkeun baitul maal, kas nagara
atawa kas masarakat Muslim nu ngongkosan sagala rupa nu nyangkut
kasejahteraan sosial muslim.
Nabi ngarengsekeun
perkara-perkara jeung papaduan di jero masjid. (Hadis Buchori 8 : 44;
93: 16). Ku ngajadikeun masjid tempat nyidangkeun soal-soal hukum sareng
peradilan, Nabi maparin tugas ka masjid sabage tempat ngarengsekeun
pasualan-pasualan masarakat sareng nagara.
Di
jaman khalifah Umar r.a. dua dewan anu dibentuk sarta tugasna maparin
nasehat, jadi sabangsa Dewan Pertimbangan Agung, ngalakukeun
sidang-sidang di masjid. Khalifah Abubakar r.a. ngarengsekeun
administrasi pamarentahan di masjid. Dugi ka panampian delegasi nagara
sanes, boh Islam atanapi non muslim dilakukeunana dina jaman kurun Nabi
sareng sahabat-sahabatna di masjid. Dina raraga ieu Nabi kungsi nampi
urang Habsy, ngalakukeun pawai senjata (tombak sareng tameng) di lebet
masjid (Buchori 8:69).
Perang sabage alat
atanapi lanjutan diplomasi oge aya patalina sareng masjid. Di jaman Nabi
sareng sahabat-sahabat, strategi sareng taktik perang direncanakeunana
di masjid, dugi ka masjid teh minangkana jadi markas besar tentara.
Prajurit-prajurit anu raheut aya nu direrebkeun di pakarangan masjid.
Contona kajadian ngeunaan Saad ibnu Mu’ad. Hiji tatarub dipasang di
pakarangan masjid waktu Saad raheut parna dina perang parif (Buchori
8:77). Maotna oge manehna teh di pakarangan eta keneh.
Panghulu atawa kadi mingpin upacara pernikahan di masjid. Di sagigireun
eta, masjid mangrupa tempat pangadilan pikeun pacogregan rumah tangga
atanapi mahkamah perceraian.
Upami muslim maot
samemeh dicandak ka makam, langkung ti payun layonna dicandak ka masjid
kanggo disolatkeun. Contona: waktos janazah Suhail bin Abaida nu
disolatkeun ku Nabi di masjid.
Sabage tempat
sosial masjid oge fungsina saperti hotel pikeun musafir nu eukeur
nyanyabaan. Waktu hiji budak wanita dibebaskeun, manehna teu gaduheun
tempat matuh padumukan, Nabi masangkeun kemah di buruan masjid pikeun
eta budak.
Seueur fungsi masjid anu dicontokeun
ku Nabi. Hassan ibnu Tsabit misilna dina mertahankeun Nabi tina ejekan
sareng pamoyokan lawanna, biasa ngadeklamasikeun sajak-sajakna di jero
masjid.
Di jero masjid urang ngaderes Al Quran dipirig ku ayunan lagu anu
halimpu. Qasidahan dihariringkeun di masjid. Dina sagala hal, fikiran
muslim diarahkeun kana masjid sareng sabudeureunana. Unggal lengkah nuju
ka masjid diajen ku darajat kahadean (Muslim: 412). Masjid diadegkeun
babarengan, pikeun kapentingan babarengan. Sanaos diadegkeunana sacara
individu namung eta masjid teh tetep mibanda tujuan kolektif. “Sing
saha ngadegkeun masjid karena Alloh, keur manehna bakal dipangnyieunkeun
imah di sawarga ku Alloh ” (Muslim: 324).
Masjid pikeun tujuan individu ngadegkeunana, sipatna sanes karena Alloh.
Efek perbuatan takwa kedah kanggo masarakat, sipatna kolektif. Masjid
mangrupa pangkal tolak tina unggal kahirupan, nu nyangkut kasajahteraan
babarengan. Masjid oge ngarupikeun tungtung segi kahirupan. Ka’ab bin
Malik ngawartoskeun: “Yen Rosululloh biasana sumping ti perjalananana
tengah dinten kinten tabuh dua. Upami sumping anjeunna ngawitan
nyumpingan masjid sareng solat 2 rokaat. Saparantosna, anjeunna teras
reureuh di lebet masjid”. (Muslim: 455).
Saparantos ngalaksanakeun padamelan penting nu nyangkut masarakat
muslim, urang kedah angkat ka masjid, pikeun nganyatakeun yen eta
padamelan teh alatan takwa. Waktos Zabir bin Abdullah mulih ti hiji
peperangan, anjeunna angkat ka masjid nepangan Rosululloh. Nabi mariksa:
“Anjeun kakara datang?” Jawabna: “Sumuhun!” Saur Nabi deui: “Antep
heula onta anjeun. Sok lebet ka masjid, solat 2 rokaat”. Teras Zabir
lebet sarta solat, saparantos kitu nembe mulih ka bumina. (Muslim: 454).
Masjid teh nya eta tempat diajar, dibentuk,
dijadikeun sareng dimekarkeunana dunya fikir sareng dunya rasa Islam.
Samemeh lebet kana kahirupan sadidinten, muslim sok mios heula ka
masjid, nyuhunkeun rahmat Alloh. Ti masjid muslim nuju kana kahirupan
kalawan dibarengan panuhun ganjaran Pangeran. Ibnu Usaid ngawartoskeun:
yen Rosululloh nyaurkeun: upami salah sawios ti kalangan urang lebet ka
masjid, kedahna manahna ngucapkeun “Ya Alloh! Bukakeun kanggo sim abdi
panto rahmat Anjeun”, sareng upami manehna kaluar kedah ngucapkeun “Ya
Alloh! Abdi neda ka Anjeun ganjaran”. (Muslim: 449).
Dina unggal kesatuan sosial umumna dipayunan masalah wates antawis hak
sareng kawajiban pikeun pria sareng wanita. Di masarakat nu tacan
berkembang, umumna hak sareng kawajiban lalaki salawasna kacida
beuratna. Di masarakat modern aya gerakan emansipasi, nu usaha sangkan
ayana persamaan hak antara lalaki jeung wanita.
Kumaha ari di masarakat Islam? Ieu teh lebet oge kana fungsi masjid,
maparin tinimbangan antara hak sareng kawajiban lalaki sareng wanita
teh. Naha kaom wanita kenging hadir, didamel atanapi ngalakukeun
kagiatan-kagiatan d lembaga kemasarakatan, ekonomi, politik, elmu sareng
teknik, kasenian, jrrd? Waleranana tiasa disimpulkeun tina fungsi
masjid pikeun kaom wanita. Naha kaom wanita ngaduhan hak hadir atanapi
ngalakukeu kagiatan dina lembaga addin Islam. Upami kenging, ngandung
harti oge yen maranehna oge kenging hadir sareng ngalakukeun kagiatan
dina lembaga sejen dina widang kahirupan husus.
Hadis-hadis Buchori sareng Muslim ngawaler patarosan di luhur, nu netelakeun kengingna. Mangga geura titenan faktana.
- Dina hiji wengi Nabi elat sumping pikeun mingpin solat wengi. Waktos jalmi-jalmi parantos karumpul di lebet masjid, anjeunna nembe sumping. Harita Umar r.a. nyaurkeun: Wanita sareng murangkalih kedah calik di lebet. Hal ieu nuduhkeun kahadiran wanita dugi ka wengi di masjid.
- Aisyah ngawartoskeun yen kaom wanita biasa hadir dina solat Subuh di masjid. Ngalakukeunana enjing-enjing pisan (rebun-rebun) dugi ka maranehna tiasa warangsul waktu masih poek (Buchari: 8:13)
- Istri-istri nu nyusuan keneh biasa darongkap ka masjid, Rosululloh biasa mondokeun solatna upami anjeunna ngadangu orok ceurik, supaya ulah nyesahkeun indungna. (Buchori: 10:65)
- Nabi biasana calik sakedap saparantos sambeang sareng nembe ngadeg, upami para wanita parantos ninggalkeun masjid (Buchori 10: 152)
- Nabi kantos ngadawuh “Ulah dilarang abdi-abdi wanita Allah indit ka masjid Allah” (Buchori 11 : 12). “Lamun pamajikan maneh menta idin indit ka masjid, ulah dilarang (Buchori 10: 166). Abdullah bin Umar sasauran: “Simkuring nguping sabda Raosulullah SAW ngadawuh: Maneh ulah ngalarang wanita berjamaah ka masjid, lamun maranehna menta idin heula”. (Muslim: 270).
- Di jero masjid kaum wanita henteu dipisahkeun ti kaom pria ku raam atawa pipinding, ngan maranehna ngabaris di pengkereun lalaki (Buchori 13:15). Abu Hurairah ngawartoskeun yen Nabi sasauran : ”Panghadena syaf lalaki nya eta nu panghareupna, jeung panggorengna nya eta nu pangtukangna; sabalikna panghadena syaf wanita nya eta pangtukangna jeung nu panggorengna nya eta nu panghareupna” (Muslim: 268).
Ibnu Umar ngawartoskeun, yen Rosul sasauran dina peperangan Chaibar
“Sing saha nu ngadahar ieu pepelakan (nu dimaksud bawang bodas), ulah
datang ka masjid”. (Muslim 342). Namung sawangsulna nu nganggo
seuseungitan nu ngagaduh tujuan pikeun nimbulkeun hal-hal nu sipatna
negatif, saperti umumna dilakukeun ku wanita, oge dilarang. Zainab istri
Abdullah nyarioskeun yen Rosul sasauran : ”Lamun wanita rek ka masjid
ulah make seuseungitan”. (Muslim : 271).
Pangsae-saena masjid diadegkeun sacara gotong-royong sareng sambat
sinambat. Gotong royong teh nya eta sistem didamel masarakat anu
sabilulungan, nu nyangkut kapentingan umum, sarta sipatna sosialistis.
Masjid anu diwujudkeun ku jalan kitu bakal leres-leres dirasakeun ku
masarakat sabage milik maranehna, pikeun maranehna, sareng tanggung
jawabna sacara babarengan. Ieu teh mangrupa tali pameungkeut unggal
muslim nu datang ka masjid.
Masjid tiasa
diadegkeun sacara pribadi, ku harta kakayaan saurang. Namung eta
pendirian teh kudu mangrupi amalan, takwa. “Saenyana masjid nu didasaran
ku takwa dina poe munggaran ngadegna, pantes maneh kudu ngadegkeun
solat di jerona”. Ku lantaran eta masjid nu geus diadegkeun ku
perseorangan teh teu meunang bersifat indvidualistis. Ku nu ngadegkeun
kudu dipasrahkeun ka masarakat nepi ka eta masjid teh sipatna gotong
royong (kolektivis).
Masjid nu diadegkeun
samata-mata dumasar sekuler, misilna pikeun tujuan politik, papalingpang
sareng maksud pengertian masjid. Gusti Allah maparin paringetan tina
ieu hal dina Al Qur’an surah At Taubah ayat 107: “Jalma-jalma nu
ngadegkeun masjid, ku lantaran rek nimbulkeun bahaya, ku lantaran
kakafiran, ku sabab rek mecah belah antara jalma nu iman, jeung ku sabab
rek ngahiap jalma nu ti baheulana geus merangan Allah jeung Rosulna,
anu saenyana maranehna geus sumpah: Kuring ngan mikahayang kahadean,
sarta Pangeran jadi saksi yen maranehna teh saenyana tukang bohong!”
Sajaba ti ngadegkeun masjid nu didadasaran takwa teh, ngadatanganana
oge kudu lantaran takwa. Upami henteu karana takwa, urang teu meunang
datang ka masjid. Anu datang pikeun tujuan politik, anu henteu museur
dina takwa, tiasa disamikeun sareng golongan musyrik. Maranehna henteu
gaduh hak pikeun ngaramekeun masjid.
“Jalma-jalma anu musyrik teh henteu boga hak ngaramekeun masjid-masjid
Allah, padahal maranehna geus ngaku yen maranehna sorangan teu iman,
garawena kapiceun percumah bae, sarta maranehna bakal tetep di naraka.
Nu ngabogaan hak ngaramekeun masjid-masjid Pangeran ngan jalma-jalma nu
iman ka Allah jeung poe panganggeusan, sarta ngalakukeun sambeang,
mayar zakat, jeung henteu sieun ka saha bae iwal ti ka Allah, jeung
mudah-mudahan maranehna kaasup jalma-jalma nu nurut kana bebeneran (QS
At Taubah: 17, 18).
Saparantos masjid
diadegkeun teras diramekeun. Nu dimaksud ku ngaramekeun nya eta
ngadatanganana, ibadah di jerona, ngawujudkeun tugas-tugas masjid,
ngaalusan, ngajaga, miara, ngarawat, ngamajukeun jeung ngarekahkeunana.
Demi cara jeung bentuk ngaramekeun teh bakal kanyahoan, naha eta masjid
teh ngawujudkeun makna/pengertian jeung fungsi-fungsina atawa henteu.
Poko-poko nu didadarkeun tadi nya eta tugas atawa katangtuan anu
ditanjeurkeun ku Nabi ka masjid dina mekarna addin. Namung kumaha
saterasna eta tugas-tugas teh dina kamekaran Islam saparantos Nabi
pupus? Kumaha kadudukan masjid dina kamekaran antropologi Islam, dina
parobahan struktur masarakat muslim, dina kamajuan jeung kamekaran
kabudayaan Islam?
Dina perkembanganana Islam
teh ibarat orok. Dina kamekaranana manehna jadi dewasa. Naon-naon anu
cocog waktu orok, jadi sereg waktu ngagedean, henteu cocog deui. Komo
deui upami parantos dewasa. Nya kitu deui tugas-tugas masjid. Kumaha
fungsi sareng kadudukan masjid dina kamekaran Islam? Ku margi ieu soal
henteu diwaler dina Quran sareng Hadis, nya ieu patarosan teh ditujukeun
kana ijtihad. (Djodi Prihatna).
Disalin tina: Catetan poean “Fungsi Masjid”. R. Soerjo Argawisastra
0 komentar:
Posting Komentar