Permasalahan sejen di dunya pendidikan museur dina krisis multidimensi
anu matak prihatin, ngenes jeung kapapanjangan. Naon atuh hal anu salah
di bangsa urang teh ? Jigana salasahiji kasalahan anu pangbeuratna nya
eta ditinggalkeunana budaya bangsa: budaya damey, merdeka, mandiri, rasa
adil, anu jadi kompetensi kahirupan di Indonesia. Ieu kaayaan teu
meunang diantep, perlu dibeberes sagancang-gancangna sacara konsepsional
nyaeta revitalisasi budaya bangsa, sangkan cahaya-Na nyaangan deui anak
bangsa nu mibanda poe isuk.
Revitalisasi ngaliwatan transformasi budaya
nyaeta pendidikan saumur hirup, minimal neuleuman tujuan pendidikan,
peserta didik, pendidik, kurikulum, penunjang, dan ngokolakeun rupa-rupa
jalur jeung tahapan pendidikan. Hasil panalungtikan ngarumuskeun
kaharmonisan kompetensi kahirupan anu damey, merdeka, mandiri, tur adil.
Saratus Taun Kebangkitan Nasional
Implikasi pendidikan nu basisna kompetensi kahirupan nyanghareupan
Sistem Pendidikan Nasional nyaeta perluna ngalengkepan rumusan tujuan
pendidikan nasional ku jalan nuliskeun kecap damey, merdeka, mandiri,
jeung adil. Badan Standar Nasional Pendidikan samemeh ngarumuskeun
standar lulusan kuduna nerapkeun kompetensi kahirupan dina perkembangan
manusa Indonesia.
Taun ieu geus saratus taun
lilana Kebangkitan Nasional. Memang geus kaciri ayana kamajuan, sanajan
teu leupas tina permasalahan multi dimensional anu karandapan ku
bangsa, anu matak prihatin malah ngahariwangkeun tur kapapanjangan.
Pikeun bukti, hayu urang ngayakeun perjalanan ti tungtung kaler Banda
Aceh ngaliwatan Sumatera, Kalimantan, Jawa, Bali, Nusa Tenggara nepi ka
Merauke di Irian Jaya.
Saliwatan bakal
katingali endah pisan tanah Indonesia, nu beunghar ku sumber daya alam
jeung budaya. Geura sawang tanah jeung gunung-gunung anu ngemploh hejo,
jeung laut anu bulao, dipelakan gedong-gedung anu jujul ka langit di
kota-kota. Jalan gede jeung jalan tol anu sakitu panjang tur rubak
kabanjiran rupa-rupa mobil mewah. Speda motor kawas sireum minuhan
jalan. Komunikasi anu beuki canggih jeung ngarakyat nepi ka tukang
sayur gendong oge boga telepon genggam. Estu beunghar jeung hebat
Indonesia.
Hanjakal, di antara kamajuan masih
aya anu ngantri minyak, cai jeung raskin, teu saeutik panganggur jeung
jalma nu teu boga pagawean keur dahar engke sore. Panganggur tumuwuh
kalawan subur, kamiskinan tetep numpuk, anu matak henteu heran kajahatan
muncul di mana¬-mana: maling, rampog unggal poe taya towongna. Korupsi
hese eureun, tawuran antarkampung jeung antarkampus terus lumangsung,
formalin nyaliara dina kadaharan, narkoba, maen judi, maehan kalawan
sadis, di luar perikamanusaan jeung HAM. Pemerintah tacan bisa
ngaluarkeun kawijakan pikeun naekna harga BBM, antukna loba jelema anu
frustasi jeung ngeureunan hirup (bunuh diri) lantaran kalindes ku
masalah ekonomi.
Katambahan deui ku ayana pihak
anu hayang ngaleupaskeun diri ti NKRI lantaran hayang ngurus diri
sorangan. Pangbahayana mah rumaja loba nu laliar di jalan, teu sakola,
embung diajar, kajeun rame-rame di pasampangan jeung gang-gang leutik,
teu wawuh jeung kahirupan anu hade. Fasilitas pendidikan hususna
kasajahteraan guru masih matak prihatin. Teu saeutik sakola anu teu bisa
mere pangalaman diajar nu hade, barudak geus biasa ku tempat diajar anu
kumuh, kotor jeung pabalatak. Lamun kitu, surem jalan pikahareupeun
pikeun bangsa Indonesia.
Tahapan Permasalahan
Jadi, naon anu salah dina diri bangsa Indonesia? Ekonomi, politik
atawa hal sejen? Dina widang ekonomi jelas henteu. Duit mah loba sanajan
meunang nginjeum, mindeng kadenge korupsi nu hese eureun jeung hese
ditumpasna. Mal tumuwuh kalawan gancang nepika padagang leutik bangkrut.
Soal politik oge henteu. Partai tumuwuh kalawan subur jeung pilkada
kiwari keur ceuyah di mana-mana. Sedengkeun masalah paling dasar anu
sering diangkat tapi henteu jadi perhatian malahan loba nu teu miduli,
nyaeta budaya.
Urang teuleuman tujuan jeung
kaluaran anu dipiharep. Kajian awal ngabogaan tujuan pikeun neangan
informasi atawa katerangan ngeunaan pendidikan anu basisna kompetensi
kahirupan di Indonesia, nu bisa dijadikeun cecekelan pikeun kaperluan
pendidikan geusan ngahontal kasejahteraan umum.
Urang kudu nempuh prosedur kajian. Mimitina kajian dipigawe sacara
kualitatif ngahartikeun kecap, kalimah, jeung frasa nu kapanggih, boh
dina budaya lokal atawa wewengkon, nasional jeung global. Cara nanya,
neuleuman pangalaman, dokumentasi, jeung bacaan-bacaan nu aya pakaitna
jeung pendidikan.
Manusa lahir ka dunya
lantaran karunia Allah SWT, beresih (tabularasa) jeung teu boga daya,
tapi dilengkepan ku kamampuh dasar jeung potensi nu pangsampurnana,
sanajan aya oge manusa nu mibanda kaleuwihan jeung kakurangan (ayana
bakat istimewa).
Pendidikan teh lumangsung
saumur hirup. Komponen pendidikan paling saeutik ayana tujuan (kahirupan
nu leuwih hade pikahareupeun), siswa (ti ayunan nepi ka liang lahad),
pendidik (kolot, guru, tanaga kapendidikan), kurikulum (hubungan
timbal-balik siswa jeung pendidik dina rupa-rupa situasi),
sarana/prasarana pendidikan, jeung cara ngolah pendidikan (kumaha
ngatur, ngarencanakeun, ngalaksanakeun ngawas sumber daya pikeun
ngahontal tujuan pendidikan nu produktif).
Sacara umum pendidikan mibanda tujuan pikeun ningkatkeun kompetensi
kahirupan siswa kahareupna nu leuwih hade dina usaha nyerdaskeun bangsa
nu damey, mandiri tur adil.
Siswa teh hirup ti
mimiti ayunan nepi ka liang lahad, nuju ka kahirupan nu leuwih hade
sacara demokratis dina rupa-rupa tahap pendidikan. Maranehna mibanda
kamampuh dasar (general potential), kamampuh dasar kelompok paelmuan nu
beda, jeung boga kamampuh individu dasar nu beunghar ku variasi, unik
jeung hakiki (multiple intelegence), boga hak jeung kawajiban nu sarua
pikeun ngamekarkeunana sacara demokratis jeung koperatif, luyu jeung
tugas perkembangan nu kudu diliwatan sajalan jeung tempat atawa waktu
maranehna aya (development tasks) nurutkeun Hapighust (Pengambangan
Kepribadian Pancasila: 1987).
Pendidik jeung
tanaga kapendidikan nyaeta kolot, pemerhati jeung anu paduli kana
pendidikan, jeung guru nu profesional nurutkeun kaahlian masing-masing,
samistina nuduhkeun kahirupan anu damey, mandiri tur adil, nepi ka
pantes digugu jeung ditiru jadi idola barudak.
Undang-undang RI No.20 Tahun 2003 ngeunaan Sistem Pendidikan Nasional
nyebutkeun yen kurikulum nyaeta rencana jeung aturan ngeunaan eusi
jeung bahan pangajaran sarta padoman KBM. Kurikulum dina harti lega
nyaeta sagala hal nu disadiakeun ku lembaga atawa satuan pendidikan
pikeun ngahontal tujuan pendidikan, nyaeta kahirupan nu bagja lahir
batin, dunya aherat ngaliwatan elmu jeung kaparigelan.
Metodologi pendidikan biasana lain ngan hiji metode tapi gabungan
sababaraha metode anu pas kana permasalahan nu diajarkeun. Tangtu leuwih
hade mun dibarengan e-learning jeung ICT. Salasahiji tindak lanjut
kurikulum jeung metodologi pendidikan nyaeta pangajen atawa pangukuran
proses jeung prestasi diajar sangkan nyaho nepika mana tujuan pendidikan
kahontal : maju, hasil, atawa jalan di tempat.
Pendidikan anu hade merlukeun penunjang anu kapake di antarana
fasilitas saperti rohangan diajar, laboratorium, tempat praktek
lapangan, perpustakaan anu dieusian ku buku pangajaran wajib atawa
palengkep, majalah, surat kabar. Fasilitas pendidikan kudu bersih,
disiplin waktu, suasana kelas anu rapih, dan lingkungan sakola nu
pikaresepeun.
Sistem pendidikan kalaksanakeun
sarta bisa ngahontal tujuan pendidikan anu produktif ditangtukeun ku
cara ngokolakeun sumber daya. Ngokolakeun dina harti nata, ngatur,
manajemen atawa administrasi ngalipudan perencanaan, pelaksanaan jeung
pengawasan sumberdaya manusa, sumber informasi, hususna kurikulum,
fasilitas jeung bea pendidikan keur ngahontal tujuan produktif.
Implikasina Pikeun Sistem Pendidikan Islam
Sistem Pendidikan Islam dina kahirupan perelu nyaluyukeun rumusan
tujuan pikeun ngahontal kompetensi kahirupan anu damey, merdeka, mandiri
tur adil. Lengkah-lengkahna: a. naliti kompetensi kahirupan sangkan
pendidikan jelas tujuanana nyerdaskan bangsa jeung budaya Pancasila.
Henteu ngan cukup ku nyebutkeun dumasar Pancasila, tapi hadena mere
garis anu jelas sabage rujukan pikeun kompetensi kahirupan sapopoe, b.
Nyaluyukeun tujuan pendidikan nasional jeung kompetensi kahirupan nu
digariskeun sarta ngagunakeunana disaderhanakeun nepi ka aya
pembaharuan sistem pendidikan nasional nu anyar.
Rumusan anu ayeuna oge teu salah malahan lengkep pisan tapi henteu pas.
Tujuan pendidikan dina UU No. 20 henteu nuliskeun sacara eksplisit
kecap damey jeung adil. Memang komponennya loba jeung panjang, tapi
henteu jelas sumberna.
Pangwangunan Pendidikan
di daerah diluyukeun jeung kawijakan nu geus dimusyawarahkan di eta
daerah. Aya dua hal nu penting tina pangwangunan pendidikan di daerah,
nyaeta: a. Otonomi Daerah teu ngandung harti ngaleupaskeun diri ti
pangwangunan nasional, b. Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan (KTSP)
kudu nimbang-nimbang kaunggulan budaya jeung potensi lokal, make
prinsip "thinking globaly and acting locally". KTSP basisna budaya jeung
kaunggulan lokal, tapi tetep ngacu ka pangwangunan nasional jeung
global demi ngahontal kautuhan dan kamajuan bangsa.
Panutup
Urang bisa bae kapangaruhan ku Pancasila sabage hiji-hijina asas jeung
P4 anu kurang operasional, Tapi henteu cukup ngasupkeun Pancasila
sabage dasar pendidikan nasional, hadena mah Pancasila sabage padoman
hirup sapopoe
Hal ieu dipiharep ngagugah
pendidik jeung tanaga kapendidikan, para politisi jeung pajabat nagara
keur neuleuman deui permasalahan di Indonesia hususna masalah pendidikan
leuwih jero. Naha memang bener dibalukarkeun ku politik, ekonomi atawa
hal sejenna deui?
Lamun bae ieu panalungtikan
teh bener sarta ngangkat budaya sabage akar masalah, anggapl bae pamuka
jalan kana perbaikan. Tapi lamun henteu cocog jeung dianggap salah,
anggap bae wacana demokrasi atawa salasahiji pamadegan anu bisa bae
diantep atawa ditinggalkeun.
Ku kituna henteu
kaleuleuwihi lamun aya studi anu jero jeung komprehensif ngeunaan
pendidikn di Indonesia kalawan cocog, nepika jentre usaha nu dipilampah
dina raraga neangan jalan kaluar geusan memeresna. Kriteria kaberhasilan
pendidikan nyaeta produktivitas pendidikan anu ngalimpudan efektivitas
jeung efisiensi pendidikan. Efektivitas nyaeta hasil nu kahontal ku
diterapkeunana sistem, minimal mah prestasi jeung proses pendidikan.
Prestasi ngalimpudan asupan anu rata jeung demokratis. Kaluaran
ngalimpudan elmu jeung teknologi anu diperlukeun jeung lulusan nu rea,
berkualitas, relevan, jeung boga ajen ekonomi anu layak.
Proses pendidikan diantarana: siswa diajarna senang, gairah, nangtang
nepi ka ngadorong motivasi diajar mandiri. Ningkatkeun sumanget jeung
etika gawe pendidik jeung tanaga kapendidikan hususna guru, jeung
numuwuhkeun kapercavaan (mutual understanding). Sedengkeun efisiensi
pendidikan nyaeta ngamangpaatkeun tanaga, fasilitas, beaya, waktu anu
saeutik tapi efektivitasna luhur. Ieu teh kriteria atawa ukuran
kaberhasilan pendidikan, sanajan naon bae oge inovasi nu diayakeun.
Catetan: Hj.Imas Kurniasih, M.Ag-MG
0 komentar:
Posting Komentar