Taun 622 Masehi kalawan dibarengan ku 200 urang
sahabatna, Muhammad SAW hijrah ti kota Makkah ka Madinah. Lantaran kota
Mekkah harita dianggap kurang kondusif pikeun perkembangan Islam. Geus
hese pisan pikeun melak akidah tauhid. Kitu deui ditilik tina jihad
geografis, kota Madinah leuwih nguntungkeun batan Makkah. Tina jihad
sosial budaya, urang Madinah leuwih sopan jeung toleran (tasamuh) batan
urang mekkah. Tina jihad ekonomi harita kota Madinah leuwih strategis.
Muhammad nyawang masarakat Madinah majemuk. Agamana oge rupa-rupa. Aya Yahudi, Nasrani, Majusi nu nyambeh kana batu, aya oge nu teu boga pangeran.
Muhammad nyawang masarakat Madinah majemuk. Agamana oge rupa-rupa. Aya Yahudi, Nasrani, Majusi nu nyambeh kana batu, aya oge nu teu boga pangeran.
Sarta diantaran aya umat Islam anu jade cikal
bakal kaom Anshor. Sosial ekonomina pinuh ku potensi konflik lantaran
ayana jurang pamisah antara si beunghar jeung si miskin anu jauh pisan
ganjorna. Si beunghar mibanda harta banda anu ngaleuya sedengkeun si
miskin ampir maot kalaparan. Sedengkeun fanaisme golongan katara pisan.
Misilna bae, dua kabilah anu dominan di Madinah, nya eta AUS jeung
KHAJRAJ geus opat puluh taunan silih paehan.
Nyanghareupan heteroginitas akidah jeung rupa-rupa kaimanan di Madinah,
anjeunna kungsi ngaluarkeun aturan tinulis, nu disebut dustur Madinah
(piagem Madinah). Eusina eta piagem masih bisa dibaca ku urang anu
antaralain ngeunaan tasamuh (toleransi) ngawangun gawe bareng antar
ummat nu sarua mibanda agama. Sababaraha pasal diantarana nyebutkeun
“Jalma luareun Islam teu meunang dipaksa pikeun ngagem Islam”. Ieu pasal
tangtu bae luyu jeung ayat “Laa ikraaha fiddiin”. Jade maranehna dibere
kabebasan pikeun nyembah pangeran sewang-sewangan. Kitu deui rujukanana
teh surah al-Kafirun. Maranehna kudu loyal ka pamingpin Madinah sarta
teu meunang khianat ka sasama masarakat Madinah.
Ieu dustur mangrupa konstitusi pangkolotna di dunya. Harita henteu aya nagara anu boga undang-undang tinulis.
Lamun diaji eusi dustur kasebut karasa pisan ajaranana pinuh ku
toleransi. Patukang tonggong pisan jeung opini global kiwari. Lantaran
ku rang bakal karasa opini global mah neken ka Islam. Agama Islam
mindeng diidentikeun jeung kakerasan atawa teror. Kajadian-lajadian
internasional saperti nu kajadian di Denmark, bleg bae ngagambarkeun yen
Rasulullah jade sosok jalma anu sadis, mawa bom jeung pedang, anu
ngagambarkeun kesan ti nu nyieun karikatur yen Islam sadis. Disusul
deuih ku film Fitna di Walanda anu pinuh ku tuduhan yen urang Islam teh
tukang maehan. Nepi ka kaluar pernyataan ti politisi Amerika yen lamun
hayang ngeureunkeun terorisme cukup ku njalan ngabom Kabah, lantaran ti
dinya kaluar teroris-teroris internasional.
Dampak tina eta opini karasa pisan ayeuna. Rea urang Islam anu hese
meunang visa ka nagara-nagara saperti Amerika, Inggris, Australia,
Perancis, Jepang jeung sababaraha nagara anu sabenerna mah aman. Naon
sababna? Lantaran urang Islam dituduh teroris. Peristiwa Gaza kamari
mudah-mudahan bisa ngarobah opini global sangkan bisa jade kacindekan
yen tukang maehan teh geuning lain umat Islam, tapi zionis Yahudi, anu
tega maehan leuwih ti 300 bayi kalawan sadis.
Waktu ngawangun masarakat Islam Madinah, Rasulullah salawasna maparin
amanah,”Salawasna kudu uluk salam mun papanggih jeung sasama, hubungkeun
silaturahmi, wujudkeun kapadulian sosial, pek geura salat tengah
peuting waktu kaom kafir keur sarare”. Umat Islam kudu miara sopan
santun, lantaran sopan jeung santun teh dawah anu pangefektifna.
Sedengkeun kakerasan bakal ngaruksak strategi dawah jeung ngaruksak
citra kasucian Islam.
Sabage umat Islam kudu
nyieun hubungan kakulawargaan jeung saha bae oge. Kaasup jeung jelema
anu mikangewa. Urang ulah nyarita lamun batur milampah kahadean urang ge
bakal hade, lamun maranehna dolim, urang rek sarua oge milampah dolim.
Kuduna, lamun batur milampah hade urang ge bakal hade, sarta lamun batur
milampah kajahatan urang moal ngalakukeun kajahatan. Kuduna, urang
pasrahkeun bae sagala-galana ka Allah Ta ‘ala. Kacida hadena mun urang
wujudkeun kapadulian sosial. Tulungan maranehna anu kasup ekonomi
kurang. Utamana anu keur ngalaman krisis dahareun tong diantep nepi ka
maranehna jade nekad milampah kajahatan lantaran beuteungna lapar.
Tilu amanah kasebut pinuh ku sikep ngawangun kaakraban jeung
kakulawargaan. Sedengkeun amanah kaopat nya eta pesen spiritual sangkan
umatna teuneung tur ludeung, henteu gancang putus harepan jeung gampang
kasigeung nyaeta ku jalan solat tengah peuting waktu jelema-jelama non
muslim keur sare. Rasul ku anjeun mindeng ngalakukeun solat tengah
peuting dina taun-taun munggaran kanabianana. Anjeunna mindeng difitnah,
dilecehkeun, dihina, diasingkeun. Tapi salila eta anjeunna sukses jeung
tanggoh dina ngajalankeun perananana sabage juru dakwah.
Prof.Dr. KH Miftah Farid
Disarikeun tina khutbah Jumat di Masjid Raya Bandung 6 Pebruari 2009
0 komentar:
Posting Komentar