Sok sanajan ieu mah ukur ngabejaan bulu tuur, atuh sugan ari dimimitian
ku paniatan ati nu wungkul pikeun ngahontal ka ridhoan ti Allah, nya
meuereun pamohalan sagemblengna pagawean kudu ambuh-ambuh teu paruguh
mah. Cindekna, kuring yakin yen unggal tarekah anu dilakonan bari luyu
dina papagon Islam tinangtu kaasup ibadah ka Allah. Kumaha kitu?
Tah kuring teh boga hiji dongeng enteng, ngan lain lalakon saenyana da ieu mah ukur saur anu saeutikna boga kahayang sugan ditungtungan ku ngajadi bukur.
Tah kuring teh boga hiji dongeng enteng, ngan lain lalakon saenyana da ieu mah ukur saur anu saeutikna boga kahayang sugan ditungtungan ku ngajadi bukur.
Kieu dongengna mah, basa poe Ahad isuk-isuk
meujeuhna recet manuk piit Mang Jajang keur huleng jentul di tepas
hareupeun imahna, teu kahaja nempo Mang Kasma keur diuk nyorangan dina
jojodog leutik hareupeun imahna. Ceuk gerentes hate Mang Jajang, “enya
ah!, kuring teh acan ngabageakeun ka Mang Kasma anu karek pindah ti
lemburna saminggu ka tukang, da basa pindah pan kuring mah harita keur
di Bandung.”
Singgetna, Mang Jajang teu leleda
deui tuluy nyampeurkeun ka Mang Kasma. Ngan basa disampeuerkeun teh
geuning Mang Kasma kalah ngabalieur bari nyiduh ka tukangeun jojodog
bari beunguet semu beureum euceuy bangun horeameun narima jalma anu rek
ngajang ka manehna. Keur kitu acan oge deukeut ujug-ujug Mang Kasma leos
asup ka imahna, teuing teu nempo yen aya jelema anu ngajuringkang
ngadeukeutan manehna, atawa kumaha ?
Bari hate
Mang Jajang saeutikna rada sabil, “naha ieu teh teruskeun atawa engke
deui. Lah da niatna oge hade naha make eleh deet.Nya teruskeun waelah
bisi eta mah balukar tina hate anu goreng”. Nya antukna mah Mang Jajang
nuluykeun paniatanna. Bari sopan nakeran polah Mang Jajang, salian ti
uluk salam dipasieup ku basa pupuntenan ku sora anu halimpu.
Ngan sabalikna polah Mang Kasma mah beda pisan tina kahayang Mang
Jajang, eta da ukur nembal “wa’alakum salam, …” Da kaanjangan Mang
Jajang teh sugan darehdeh seuri di wuwuh ku basa anu someah, eh
satuluyna mah ngan ngabetem mere isyarat ku lengen katuhuna nuduhkeun
kana korsi bari satuluyna mah nyenyekel carecet diantelkeun kana biwir
inyana.
Ku kitu polah mah atuh jadi ngorocomang
hate Mang Jajang teh “Wah, ari kieu mah kuring era oge bingung
pipetaeun, hanas meuni someah naker rek ngabageakeun tatangga, ari nu
dianjangana embung loba omong komo ngawangkong mah meuereum ”, Keur
kitu, Mang Kasma ujug-ujug croh nyiduh saperti di luar samemeh asup
imahna, ngan ayeuna mah kana carecetna bari beungeut beureum. Geus kitu
mah, atuh Mang Jajang tuluy hayang balik bari rada teu parararuguh oge
pamitan, “Mang punten abdi moal lami, bade wangsul deui, mangga
assalamu’alaikum ..”
“Wa’alaikum salam, saena
mah engke deui. Hunten habdi teu hahaos, ieu hanas halam haeng heri
hunhu”. Kituna na teh Mang Kasma bari rembay cimata.
Untung pisan Mang Jajang sanajan era jeung leutikna aya sangka goreng,
ngan kasabaran tetep renggenek bisa keneh nyaangan. Sing horeng paingan
kitu lampah Mang Kasma teh geuning pedah bararusuh dina biwirna balukar
panyakit panas dalam jeung nyeri huntu anu kacida parnana na tur awakna
rada ngaheab panas. Jadi lain gede hulu atawa ogo pedah anyar pindah. Nu
enya mah sakitu mah kaasup someah Mang Kasma teh, sabab cacak-cacak
keur gering oge angger hayang ngahormatan Mang Jajang. Pangna ngabalieur
oge pan bisi Jalma nu nempo geuleuheun.
Allah SWT ngadawuh:
Hartosna: “Yeuh jalma-jalma anu ariman! Geura singkahan kalolobaanna sangka, lantaran saestuna sabagian ti antara sangkaan teh dosa….“ (QS. Al Hujurat : 12)
Hartosna: “Yeuh jalma anu ariman, geura salabar jeung sing saenyana pisan saaobarar sarta masing jaraga eta kasabaran, jeung geura taraqwa ka Allah SWT, muga-muga aranjen kasup jalma anu meunang kauntungan. ( QS. Ali Imron : 200).
Hartosna: “Yeuh jalma-jalma anu ariman! Geura singkahan kalolobaanna sangka, lantaran saestuna sabagian ti antara sangkaan teh dosa….“ (QS. Al Hujurat : 12)
Hartosna: “Yeuh jalma anu ariman, geura salabar jeung sing saenyana pisan saaobarar sarta masing jaraga eta kasabaran, jeung geura taraqwa ka Allah SWT, muga-muga aranjen kasup jalma anu meunang kauntungan. ( QS. Ali Imron : 200).
Catetan: Drs. M. Sya’roni, M. Ag
1 komentar:
assalamualaikum, hapunten kang bade ngiring nge shareken sareng ngiring COPAS upami di widianmah upami teu upami teu ku abi bade di hpus deui hatur nuhun kang
Posting Komentar