Pola pendidikan Islam fase Makkah
Profil Rasulullah
Panalungtikan ngeunaan Rasulullah minangka pendidik ideal jadi bahasan anu penting pikeun diaji. Hal eta dumasar posisi pendidik dina seuseuhanana aya di barisan panghareupna. Tanpa eksistensi pendidik, proses pendidikan henteu boga harti nanaon. Pikeun ngawujudkeun pendidik profesional dumasar ruh Islam, urang kudu nyawang kahirupan atawa profil Rasulullah minangka pendidik ideal, lantaran hakekat diutusna Rasulullah ka ieu dunya minangka uswat al-hasanat jeung rahmatii-alamin. Sakabeh sunnah Rasulullah jadi pituduh utama sanggeus Al-Qur'an pikeun mangrupa-rupa aspek kahirupan manusa utamana aspek pendidikan.
Panalungtikan ngeunaan Rasulullah minangka pendidik ideal jadi bahasan anu penting pikeun diaji. Hal eta dumasar posisi pendidik dina seuseuhanana aya di barisan panghareupna. Tanpa eksistensi pendidik, proses pendidikan henteu boga harti nanaon. Pikeun ngawujudkeun pendidik profesional dumasar ruh Islam, urang kudu nyawang kahirupan atawa profil Rasulullah minangka pendidik ideal, lantaran hakekat diutusna Rasulullah ka ieu dunya minangka uswat al-hasanat jeung rahmatii-alamin. Sakabeh sunnah Rasulullah jadi pituduh utama sanggeus Al-Qur'an pikeun mangrupa-rupa aspek kahirupan manusa utamana aspek pendidikan.
Kahananana minangka pendidik mangrupa sumber
konsep pendidikan anu bebeneranana geus meunang rekomendasi ti Allah
SWT. Rasulullah SAW minangka pendidik Islam anu munggaran jeung
pangutamana. Proses transformasi elmu pangaweruh, internalisasi
ajen-inajen spiritualisme jeung bingbingan emosional anu dipilampahna
bisa disebutkeun minangka mukjizat anu luar biasa, sarta manusa saha bae
moal bisa ngalakukeun hal anu sarua.
Hasil
pendidikan Islam dina zaman Rasulullah kaciri tina kamampuh
mu¬rid-muridna (para sahabat) anu luar biasa. Misilna: Umar ibn Khattab
ahli hukum dan pamarentahan, Abu Hurairah ahli hadis, Salman al-Farisi
ahli studi banding agama (Majusi, Yahudi, Nasrani, jeung Islam), atuh
Ali Ibn Abi Thalib ahli hukum jeung tafsir AI-Quran. Sarta murid ti para
sa¬habat Rasulullah nya eta para tabiin, rea anu jadi ahli dina
rupa-rupa widang ilmu pangaweruh kayaning sain, teknologi, astronomi,
filsafat, anu nganteurkeun Islam ka zaman kaemasan ¬utamana dina awal
kakawasaan dinasti Abbasiyyah.
Gambaran sarta
pola pendidikan Islam zaman Rasulullah SAW boh mangsa Makkah jeung
Madinah mangrupa sajarah baheula anu perlu diungkab deui, pikeun bahan
studi banding, sumber gagasan, gambaran strategi anu nyukseskeun proses
pendidikan Islam. Pola pendidikan zaman Rasullah SAW, henteu bisa
leupas tina metode, evaluasi, materi, kurikulum, pendidik, peserta
didik, lembaga, dasar, tujuan jeung lian-lianna deui anu aya patalina
jeung proses pendidikan Islam, boh sacara teoretis atawa praktis.
Kondisi Politik Sosiokultural Awal Islam
Ceuk Ahmad M. Saefuddin, "Sangkan urang nyaho misi Muham¬mad SAW
minangka pendidik sarta rahmatal lil alamin, kudu nitenan sajarah
ngeunaan kaayaan masarakat samemeh Nabi Muhammad dibabarkeun, nepi ka
bakal jentre wujud anu sabenerna tina eta rahmat teh. Ku kituna urang
perlu ngungkab sajarah dumasar sumber Al Quran jeung tafsirna, sarta
sawatara katerangan tina hadis, para sahabat, kitab-kitab, jeung
buku-buku anu disusun ku para ahli sajarah.” (Taha al-lsmail, Tarikh
Muhammad Teladan Perilaku Umat, Jakarta: PT Raja Grafindo Persada, 1996).
Gambaran dunya politik samemeh pertengahan
abad ka-6 Masehi, jadi bukti yen dunya aya dina kaayaan poek tur parna
ku rupa-rupa takhayul anu ngaruksak kahirupan spiritual manusa.
Kasarakahan jeung tirani geus ngaruksak kasejahteraan moral, panindesan
geus ngalumpuhkeun mayoritas penduduk. Bangsa-bangsa anu baheula kungsi
merdeka jeung produktif ku peradaban-peradaban kuno di dunya, saperti:
Siria, Tunisia, jeung Mesir kiwari teu bisa menyat deui dina kakawasaan
ajag Romawi. Sawatara kitu peradaban Babylonia anu ancur lantaran
dominasi Persia anu sarua tirani, ngan diidinan hirup sacara marginal
(pas-pasan), sedengkeun sakabeh kakayaan nagri, taneuh subur antara dua
walungan (Eufrat jeung Tigris) disedot pikeun ngeusian perbendaharaan
para kaisar Persia katut anak buahna. Di lingkungan imperium Romawi,
kaom elite anu ngabogaan budak anu rea sarta harta banda anu ngaleuya
bari jeung bebas tina pajak. Sedengkeun kaom pribumi kudu mayar pajak
bari dibere kawajiban anu kaleuleuwihi boh sacara fisik atawa finansil.
Sawatara kitu, kondisi sosiokultural saditinggalkeunana ku Nabi Isa,
ajaran agama Allah anu disyiarkeunana beuki lila beuki luntur sarta
cahayana beuki surem. Manusa lambat laun ngajauhan jeung nyimpang tina
ajaran agama anu bener, dibawa ku hawa nafsuna kana jurang kahinaan tur
kanistaan. Kamanusaan arahna mengkol kana sipat sato galak, anu kuat
nindes anu lemah, anu beunghar meres nu miskin, panguasa nyiksa
bawahanana, balukarna sistem kakulawargaan robah jadi mumusuhan,
persatuan jadi perpecahan, rasa asih robah jadi bengis, ngawula ka Allah
jadi ngawula ka sasama manusa, berhala, seuneu, sato, kai jeung batu.
Hal ieu kaalaman ku masarakat ahli kitab (Yahudi jeung Nasrani) jeung
masarakat musrik. Tah kitu gambaran dunya lima ratus taun sanggeus
kalahiran Nabi Isa boh anu kajadian di Eropa, Afrika, Persia jeung Asia.
Leuwih-leuwih anu kajadian di Arab dina zaman jahiliah, hiji pajamanan
anu poek-mongkleng lantaran katutupan ku kabodoan jeung kaprimitifan.
Mun jiwa ujug-ujug bae mikahayang nyeuseup kabagjaan dunya atawa
milampah sabagian tradisi anu lain pujieun, pitulung ti Allah bakal
datang pikeun ngawatesanan antara diri anjeunna sareng kasenangan tea.
Sabda Rasulullah SAW anu diriwayatkeun ku Ibnu Atsir, “Henteu kapikir ku
kuring hiji kahayang pikeun nurutan kabiasaan anu sok dipigawe ku kaom
jahiliyah iwal ti dua kali. Tapi geus kitu Allah ngahalangan antara
diri kuring jeung eta kahayang. Tah sanggeus kitu mah kuring teu boga
kahayang saeutik oge dugi ka Allah maparin kamulyaan dina risalah-Na.
Hiji peuting kuring nyarita ka hiji pamuda nu bareng ngangon domba di
tegalan di Makkah, “Kuring nyuhunkeun tulung pangawaskeun domba,
lantaran rek indit ka Makkah geusan ruang-riung jeung para pamuda di
ditu,” “Mangga”, tembalna. Nya kuring indit. Di gigireun imah nu
pangheulana kaliwatan kadenge sora genjring ditabeuh. ”Aya naon ieu teh
?” kuring nanya. Jawabna, ”Pesta pernikahanana Fulan ka Fulanah.” Kuring
milu diuk bari nongton anu keur jaroged. Tapi aneh, Allah nutupan
ceuli kuring nepi ka harita keneh kuring sare, sarta kakara hudang
isukna pabeubeurang sanggeus karasa panasna panonpoe. Kuring balik deui
ka tegalan nemonan babaturan angon, manehna nanyakeun naon anu kaalaman
ku kuring. Kuring nyaritakeun lalampahan sapeuting eta. Peuting
saterusna kajadian anu sarua kaalaman ku kuring, nya ti harita kuring
teu hayang deui milampah hal-hal anu goreng.” (kasohehan ieu hadits
dijadikeun debat. Al-Hakim nganggap soheh, sedengkeun Ibn Katsir
nganggap doif).
Allah Mahabijaksana. Pikeun
calon panutan ummat, Muhammad bin Abdullah ti anggalna keneh geus
disiapkeun kalawan dijaga tina sikep-sikep jahiliah. Lantaran ahlakna
anu pantes dipuji, pinuh ku ajen-ajen humanisme jeung spiritualisme, di
tengah-tengah ummat anu geus teu boga rasa kamanusaan, Muhammad bin
Abdullah masih bisa meunang gelar penghargaan anu luhur, nyaeta
al-Amiin.
Muhammad bin Abdullah teguh
mertahankan tradisi Nabi Ibrahim, ulet dina neangan bebeneran anu
hakiki, ngajauhkeun “din” tina raramean jeung sikep hedonisme ku jalan
kontemplasi (nyorangan) di guha Hiro.
Wahyu anu Munggaran
Taun 610 M tanggal 17 Ramadhan turun wahyu munggaran surat al-'Alaq
ayat 1-5, anu jadi awal pendidikan Islam di Mekkah. “Baca! Kalawan
nyebut asma Pangeran anu geus nyiptakeun. Anjeunna geus nyiptakeun
manusa tina sakumpulan getih. Pek baca, jeung Pangeran Nu Maha Murah
anu mere pangajaran ka manusa make tulisan, mere pangajaran ka manusa
ngeunaan naon-naon anu henteu dipikayaho samemehna”
Turunna wahyu anu munggaran teh hiji tanda yen Muhammad geus resmi jadi
Rasul anu mawa risalah-risalah Ilahi anu bakal mawa manusa kana jalan
kapinteran jeung kasampurnaan. Muhammad SAW geus ngabongkar kabiadaban
jeung kajahiliahan ka masarakat anu mibanda kamanusaan jeung peradaban.Catetan: Hj.Imas Kurniasih, M.Ag-MG
0 komentar:
Posting Komentar